AQIDAH ISLAMIYAH

    Author: download1 Genre:
    Rating


    Aqidah Islamiyah


    Download Versi Doc

    BAB I

    MABADI FAN TAUHID

    Keur sadaya jalmi anu bade neuleuman salah sahiji widang kaelmuan kalebet elmu Tauhid, kedah terang heula kana 10 rupi Mabadina nyaeta :

    1. Ta’rif/Definisi
    Definisi elmu Tauhid aya tilu rupi diantawisna:
    a. Numutkeun Lugoh/Etimologi (asal kecap)
        
    Nganyahokeun yen sagala perkara eta ngan hiji.

    b. Numutkeun Syar’an/Terminologi Religion (istilah)
      
    Elmu anu netepkeun aqidah Agama Islam kalayan dicandakna tina dalil-dalil anu yakin.

    c. Numutkeun Syar’i
      
    Allah nu disembah sarta nga-i’tikadkeun tunggalna, dibarengan ku pangakuan jeung narima kana katunggalan dzat, sifat jeung af’alna.

    Tina tilu definisi nu kaunggel diluhur bisa disimpulkeun yen manusa dina pokona aya nu ngagaduhan tauhid sareng aya oge anu henteu. Ari anu kalebet jalmi anu ngagaduhan tauhid atawa Mu’min nyaeta:
    - Jalma anu ngagaduhan elmu tauhid jeung nunggalkeun ibadahna ka Allah, sareng dina atina teu ngabenerkeun aya deui Pangeran kajaba Allah.
    - Jalma anu nunggalkeun ibadahna ka Allah ku cara kabeneran jeung dina atina teu ngabenerkeun aya deui Pangeran anging Allah, ngan dosa hukumna eta jalma lantaran teu neuleuman elmu Tauhid.
    Sedengkeun jalma anu kaasup kana golongan anu teu ngabogaan tauhid atawa Kafir nyaeta diantarana:
    - Jalma anu ngabogaan elmu tauhid tapi teu nunggalkeun ibadahna ka Allah.
    - Jalma anu nunggalkeun ibadahna ka Allah sarta ngabogaan elmu tauhid, tapi dina hatena ngasahkeun ayana deui Pangeran lintang ti Allah.
    - Jalma anu ibadah ka Allah sarta ngabogaan elmu tauhid tapi teu ngaku yen Allah teh Pangerannana.

    2. Maudlu/Sasaran
    Anu jadi sasaran dina guaran elmu tauhid nyaeta Dzat Allah, Dzat Rosul, barang Mumkinul wujud sareng Aqidah Sam’iyyah.



    3. Tsamroh/Hasil Tina Elmu Tauhid
    Hasil anu tiasa dipuluk tina neuleuman elmu tauhid nyaeta urang bisa ma’rifat ka Allah sareng Rosulna nu dibarengan ku dalil-dalil anu yakin sarta tiasa nangtukeun kabagjaan hirup anu langgeng di Akherat lantaran geus kamafhum wirehna tempat pibalikeun sakabeh Mu’min teh nyaeta Sawarga sok sanajan saacanna aya nu ngalakonan heula hukuman, jeung saestuna tempat pibalikeun jalma-jalma kafir nyaeta Naraka sakumaha kaunggel dina Al-Qur’an,

         •
    Jeung jalma-jalma anu ariman sarta migawe amal soleh, bakal diasupkeun maranehannana ka Sawarga. (An-Nisaa : 57)

          •    
    Jeung jalma-jalma kafir sarta nu ngabarohongkeun ayat-ayata Kami, maranehana teh nu bakal nyicingan Naraka kalawan di jerona aya dina kalanggengan. (Al- Baqarah : 39

    Sareng Syekh Zaenuddin Al-Malebary dina kitab Syu’bul Iman nganadomkeun :
       
       
    Jeung saestuna tempat pibalikeun Muslimin nyaeta Surga.
    Jeung saestuna tempat pibalikeun Kafirin nyaeta Naraka.
    4. Fadlu/Kautamaan
    Kumargi patula patalina sareng Dzat Allah kalawan Rosulna, darajat elmu Tauhid dibandingkeun jeung elmu-elmu anu lianna nempatan darajat nu pang mulyana sarta pang luhurna.

    5. Nisbat/ Hubungan Sareng Elmu anu Lain
    Elmu Tauhid mangrupakeun dasar jeung akar tina sababaraha elmu ajaran Islam, sedengkeun elmu anu lain mangrupakeun dahan atawa regangna tina elmu tauhid.

    6. Wadli’/Anu Netepkeun/Naratas
    Ngawitan ayana elmu tauhid nyaeta ti para Nabi sareng Rosul, dumasar kana wahyu ti Allah SWT, nu diajarkeun ku Kangjeng Nabi Muhammad SAW. Ngawitan disusun sareng dibukukeun ku Abu Hasan al-Asy’ary kalih rengrenganna, sareng ku Abu Manshur Al-Ma’turidy kalih rengrenganna anu kasebut golongan An-Najiyyah, golongan Ahlus-Sunnah atawa golongan Asy-Sya’irah.




    7. Al-Ismu/Nami Elmu Tauhid
    Elmu tauhid ngabogaan sababaraha ngaran diantarana:
    1. Elmu Tauhid
    2. Elmu Kalam
    3. Elmu Haqiqoh
    4. Elmu ‘Aqoid 3. Elmu Ushuluddin
    4. Elmu ‘Aqoidul Iman
    5. Elmu Uluhiyyah
    6. Elmu Ma’rifat
    8. Istimdad/Sumber Elmu Tauhid
    Dasar-dasar anu dijadikeun sumber dina elmu tauhid nyaeta dalil’aqli, (pituduh akal gharizi) sarta dalil Naqli (pituduh Al-Qur’an sareng Al-Hadist).

    9. Hukum Syar’i/Pamandang Hukum Syara kana Elmu Tauhid
    Hukum Syara (hukum Islam) ngawajibkeun kalayan wajib ‘Aen (soranganeun) ka sakabeh Mukallaf (Manusa jeung Jin) supaya neuleuman elmu tauhid sarta supaya ngabogaan tauhid. Kumargi kitu sok sanajan kaum Kafirin (asal sehat akalna) baris dipenta tanggel walerna ku Allah ngeunaan kawajiban neuleuman elmu tauhid sarta katauhidannana, kalawan sewang-sewangan sakumaha kaunggel dina Al-Qur’an.
     ••       
     
    He sakabeh manusa, geura sembah Pangeran Aranjeun nu geus nyiptakeun aranjeun jeung jalma-jalma samemeh aranjeun supaya aranjeun jadi jalma anu taqwa. (Al-Baqarah : 21)

    10. Masail/Masalah-masalah anu Aya Dina Elmu Tauhid
    Masalah anu aya dina elmu tauhid nyaeta Qodliyyah, pamikiran sarta guaran ngeunaan perkara anu pasti aya (Wajibat), perkara nu mustahil aya (Mustahilat) sareng perkara anu mumkin aya sarta perkara anu mumkin teu aya (Jaizat).








    =========================================










    BAB II

    HUKUM

    Sakumaha nu parantos disebatkeun dina Bab I ngeunaan Istimdad/Sumber hukum elmu tauhid sareng pamandang hukum syara kana elmu tauhid, yen tauhid teh ditetepkeun ku akal, Al-Qur’an sareng Al-Hadist (Syara’) sarta kabiasaan (adat), nu mana eta perkara teh disebat Hukum. Ku kituna sateuacan ngaguar ngeunaan tauhid, kalintang peryogi diuningakeun langkung tipayun ngeunaan hukum sareng baba- giannana.

    1. Pasal 1 Ta’rif Hukum Ceuk Lugot
    
    Netepkeun salah sahiji perkara kana perkara anu lain ngilangkeun salah sahiji perkara tina perkara lain.

    Saperti netepkeun ayana sifat Qudrat ka Allah, netepkeun wajib kana Shalat lima waktu, netepkeun rasa asin kana uyah, ngilangkeun sifat lemah ti Allah, ngaleungitkeun hukum sunat tina Shalat lima waktu, jeung ngilangkeun rasa amis tina uyah.

    2. Babagian Hukum
    Ditingal tina anu netepkeunnana, hukum teh kabagi kana tilu bagean nyaeta:
    a. Hukum Syara’ (ditetepkeunnana ku Allah).
    b. Hukum Akal (ditetepkeunnana ku akal).
    c. Hukum Adat (ditetepkeunnana ku adat).

    Saupama direntetkeun diantara tilu hukum nu kasebut, anu paling kuat katetepannana teh nyaeta Hukum Syara’ terus Hukum Akal sarta nu panungtung nyaeta Hukum Adat. Jadi saupama aya ka teu saluyuan antara hukum nu tilu eta, anu kudu dijadikeum katetepan nyaeta Hukum Syara’ lantaran sumberna tina Al-Qur’an jeung Hadist sakumaha conto dihandap ieu.
    Ayana Sawarga teh wajib numutkeun hukum syara’, sedengkeun hukum akal nyabutkeun mumkin ayana lantaran hanteu aya anu wajib dina ayana kajaba Allah, ngan Allah tos netepkeun dina hukum syara yen Sawarga teh enya dina ayana, jadi kasimpulanna nyaeta Sawarga teh wajib ayana. Katetepan wajib nurutkeun hukum syara’ teh sakumaha nu kaunggel disebut Wajibul Wujud Muqoyyad, kumargi kitu Sawarga teu tiasa disebatkeun mumkin.
    Ayana tutung nurutkeun hukum adat nyaeta wajib, lantaran satiap barang anu kaduruk pasti tutungna, sedengkeun nurutkeun hukum akal mah mumkin eta teh ayana, lantaran saupama Allah henteu nakdirkeun ayana tutung, pamohalan seuneu teh bakal nutungkeun kana eta barang, nyatana saupama eta barang anu diduruk teh baseuh, nya pamohalan eta barang kana tutungna. Dina leresan dieu katetepannana nu dipake teh nyaeta katetepan hukum akal, lantaran tutungna sagala perkara nu kaduruk teh mungguhing ku kersana sareng kakawasaannana Allah ta’ala.
    Sok sanajan kitu Allah tos ngadamel hukum objektif nu disebut Sunnatullah, nyaeta tutungna hiji perkara teh kudu ngaliwatan heula sababaraha perkara diantarana:
    a. Diciptakeun heula seuneu
    b. Dihijikeun seuneu jeung perkara anu diduruk
    c. Dileungitkeun anu ngahalangan kana tutung saperti baseuh
    d. Allah nyiptakeun tutung kana eta perkara.
    Patula patalina nu opat tadi teh biasana mah tara robah, kajaba aya kajadian anu aheng nu disebat Khowariqul Lil ‘Adat. Kanggo jelasna baris diguar dina bagean anu tangtu.
    Anapon jawaban urang saupama aya nu nanya“kunaon eta barang teh kadurukna?” geus tangtu jawaban urang teh nyaeta “ku seuneu”. Ucapan saperti kitu teh dimeunangkeun malahan mah geus sakuduna, ngan eta ucapan teh sawates kasopanan wungkul, lain dina hakekatna.
    Ninggali Allah di Sawarga sapanjang hukum adat nyaeta mustahil, ngan hukum syara’ geus netepkeun.
    Dina hakekatna, antara hukum syara jeung hukum adat teh sacara prinsipil mah teu aya bedana, dibuktikeun ku ayana ta’rif nu kaunggel dina Qo’idah Fiqh:
     
    Hukum adat teh nyaeta eunteungna hukum syara’.
    Contona nyaeta hukum syara marentahkeun supaya sakabeh manusa ngariksa kasehatan, sumawonna dina hukum adat oge kitu yen kasehatan eta teh kudu pisan diperhatikeunnana.

    3. Hukum Syara’
    Ta’rif hukum syara’ nyaeta:
     
      
    Netepkeun hiji perkara kanu perkara nu lain atawa ngilangkeun hiji perkara tina perkara nu lainna, kalawan ngaliwatan panetepan Wadl’i (nu netepkeun), nyaeta firman Allah anu aya patalina jeung pagawean jalma Mukallaf boh mangrupa parentah, larangan, pangjurung atawa tata cara ngalaksanakeunna parentah jeung larangan eta.

    Kecap  nyaeta kalimah anu ngasajajarkeun antara hukum syara’, hukum adat jeung hukum akal.
    Kecap  nyaeta kalimah anu ngabedakeun antara hukum syara jeung hukum anu lainna, sarta hukum adat henteu ditanggelkeun kana ayana nu netepkeun, ngandung harti hukum adat teh nyaeta mangrupakeun hasil panalungtikan tina naon anu geus mindeng kajadian/kaalaman/karandapan. Ta’rif nu saperti kieu numutkeun Ilmu Mantiq kalebet kana ta’rif Had (ta’rif nu paling kuat).
    Kecap  nyaeta paneges tina kecap  yen nu netepkeun teh nyaeta dawuhan Allah, boh tina Qur’an atawa Hadist. Anapon dzat Allah jeung Rosulna disebut Asy-Syari’u (nu netepkeun hukum syara’).
    Kumargi nu netepkeunna Allah jeung Rosulna, mangka teu saurang oge bisa ilu biung dina netepkeun hukum syara. Satiap hukum nu kaluarna lain tina Al-Qur’an jeung Al-Hadist mangka teu kaasup kana hukum syara.
    Anapon hukum anu dikaluarkeun ku para ahli Mujtahid anu dasarna tina Al-Qur’an sareng Hadist kasup kana dalil-dalil hukum syara’ (Dalailusy-syar’i). ieu perkara dijamin ku Allah sakumaha Dawuhan-Na dina Qur’an:
              •           
    …Jeung taya nu bisa nyaho kana ta’wilna ngalainkeun Allah jeung jalma-jalma anu jero elmuna, jeung maranehannana ngucap “Kami iman kana ayat-ayat mutasyabihat”, sadayana ti sisi Allah, jeung taya nu bisa nyokot palajaran (ti ayat-ayat eta) kajaba Ulul Albab, nyaeta jalma-jalma anu ngabogaan akal sehat jeung anu seukeut pamikirna. (Al-Imron : 7)

    Sajabana ti Allah, Rasulullah SAW oge tos masihan jaminan ka para Mujtahid sakumaha kaunggel dina Hadist:
           
    Saupama Hakim/Mujtahid netepkeun hukumna kalawan ijtihad heula, terus pamikirna meneran sakumaha nu dimaksud dina Al-Qur’an jeung Hadist, mangka eta Mujtahid meunangkeun dua pahala, (pahala ijtihadna jeung pahala benerna). Jeung saupama ijtihadna teh teu meneran sakumaha Qur’an jeung Hadist mangka eta Mujtahid ngan meunang hiji pahala (pahala ijtihadna wungkul). (H.R. Bukhory)

    Dina dina Hadist nu kaunggel teu aya kecap-kecap anu nyalahkeun Mujtahid, sok sanajan pamelengna teh teu meneran kanu dimaksud, perkara ieu nandeskeun yen pameleng para Mujtahid teh bener ayana sarta bisa dilaksanakeun jeung diturut, ngan samemehna kudu diperhatikeun heula syarat-syarat ijtihadna, kumargi kedah nohonan sakumaha katangtuan nu aya dina Ushul Fiqh.
    Sumawonna jeung Qiyas, Al-Qur’an tos ngajamin, sakumaha firman Allah nu kaunggel:
      
    Mangka geura cokot conto (tina kajadian-kajadian eta) he jalma-jalma nu ngabogaan pamandang. (Al-Hasyr : 2)

    Kecap   sareng   nyaeta aya patalina jeung pagawean jalma mukallaf anu sifatna parentah atanapi pangjurung, kalimah diluhur nuduhkeun yen firman Allah sareng Rosul anu jadi hukum syara’ teh nyaeta firman anu aya patalina jeung amal gawe manusa anu baligh sarta akalna sehat. Eusina nungtut supaya dipigawe boh nu mangrupa parentah, larangan atawa pangjurung. Jadi firman Allah anu teu aya hubungannana jeung amal gawe Mukallaf, teu bisa disebutkeun hukum syara, saperti ayat-ayat nu nerangkeung perkara diciptakeunnana langit sarta bumi, diciptakeunnana manusa, carita-carita para Nabi jeung lainna ti eta, sakumaha conto dihandap.

    a. Firman Allah anu aya patalina jeung jujutan diciptakeunna manusa :
         
    Saestuna Kami geus nyiptakeun manusa kalawan saalus-alusna bentuk jeung rupa (At-Tiin ; 4)

    b. Ayat-ayat nu nyaritakeun lalakon para Nabi :
                  
    Jeung (aringet), nalika Yusuf nyaur ka Ramana” Kulanun Rama, saestuna abdi ngimpen ningal sawelas bentang, Panonpoe sareng Bulan sadayana sujud ka abdi. (Yusuf : 4)

    c. Conto firman Allah nu eusina mangrupa hukum syara’ :
     
    Jeung aranjeun kabeh kudu ngadegkeun Sholat. (Al-Baqarah : 110)

    4. Babagean Hukum Syara’
    Khithobullah (parentah/bewara) nu jadi hukum syara’ kabagi kana dua bagean:
    1. Khitob Taklif, nyaeta khitob anu eusina pancen anu utama.
    2. Khitob Wadlo’, nyaeta khitob anu eusina mangrupa aturan sarta pituduh ngalaksanakeun khitob taklif.
    Khitob Taklif kabagi kana lima bagean nyaeta:
    1. Wajib, nyaeta parentah anu pasti sarta kudu dipilampah.
    2. Sunnat, nyaeta parentah anu teu pasti sarta kudu dipilampah.
    3. Haram, nyaeta larangan anu pasti sarta kudu ditinggalkeun.
    4. Makruh, nyaeta larangan anu teu pasti sarta kudu ditinggalkeun.
    5. Jaiz, nyaeta bisa dipigawe bisa henteu.

    Khitob Wadlo’ kabagi kana lima bagean nyaeta:
    1. Sabab, nyaeta panyarandean Hukum saperti ngiserna Sarangenge ka lebah kulon ngajadikeun sabab kana wajibna Sholat Dzuhur.
    2. Syarat, nyaeta perkara nu kudu aya dina hiji parentah saperti Wudu teh syaratna Sholat.
    3. Shohih, nyaeta kumpulna syarat sarta rukun turta taya nu ngabatalkeun kana salah sahiji parentahna saperti Munggah Haji nu can kalaksanakeun.
    4. Batal atawa Fasid, nyaeta nu ngabatalkeun syahna hiji parentah saperti ngucapkeun bacaan anu lain bacaannana nalika keur Sholat.
    5. Mani’, nyaeta nu ngahalangan salah sahiji hukum saperti Haid nu ngahalangan kana wajibna Sholat pikeun awewe.

    Schema Hukum Syara’















    5. Ta’rif Syara’

    Ta’rifa Syara’ (ta’rif Agama Islam) nyaeta:
    
     
    Katetepan Ilahi nu ditujukeun pikeun jalma-jalma nu ngabogaan akal sehat kalawan pamilihna anu pinuji pikeun kahadean/kabagjaan anu sajatina pikeun maranehna.

    Kalimah  (panetepan Allah), nuduhkeun yen salain ti Allah jeung Rasulna teu dibenerkeun ilu biung dina netepkeun hukum syara’.
    Kalimah  ditujukeun ka jalma-jalma nu ngabogaan akal sehat, dina leresan dieu jalma nu teu ngabogaan akal sehat teu dijadikeun sasaran hukum syara’ saperti:
    • Jamadat, nyaeta barang mati kalawan hanteu hirup
    • Nabatat, nyaeta barang anu hirup (tutuwuhan)
    • Hayawanat, nyaeta barang hirup ngan teu ngabogaan akal
    • Jalma gelo atawa aya dina kaayaan mabok, maranehna teu ngabogaan akal.
    Kalimah  kalawan pamilihna anu pinuji/hade, mangka bijil:
    1. Jalma anu dipaksa atawa kapaksa.
    2. Mulja Ilaih, nyaeta jalma anu teu bisa ngawasa kana dirina saperti jalma anu ragrag ti awang-awang, nu lolong, budeg jeung pego.
    Kecap    hartina nuduh kana perkara dzatiyyah anu hade pikeun maranehna, nu dimaksud teh nyaeta hukum syara bakal mere pituduh ka jalma-jalma anu ngabogaan akal sehat geusan ngahontal dzatiyyah kahadean dunya sarawuh Akherat.

    Kahadean anu bisa dihontal pikeun kahirupan di dunya diantarana:
    • Ngajamin kasampurnaan akal.
    Puseur kamulyaan manusa aya dina akalna, ku sabab kitu Islam ngaharamkeun kana satiap perkara anu matak ngaruksak akal saperti arak, narkoba, judi jeung sajabana. Sakumaha dawuhan Allah dina surat Al-Maidah ayat 90 :
            
    Saestuna Khamr (Inuman nu ngamabokeun), judi, susuguh ka Tetenong, ngadu nasib make jamparing nyaeta pagawean jahat turta kaasup kana pagawean Syetan.

    • Ngajamin kasalametan awak manusa.
    Pikeun ngajaga kasalametan awak/lahiriyah Manusa, Allah nyaram manusa migawe perkara-perkara anu bisa ngabalukarkeun ruksakna kasalametan awak manusa. Allah ngawajibkeun kalawan Fardu Kifayah pikeun ngayakeun Ahli Kasehatan di satiap wewengkon, samalah Allah ngayakeun Hukum Jinayat sakumaha Dawuhanna dina surat Al-Maidah ayat 45 :
       • • •          
    Jeung Kami geus netepkeun ka maranehna di jerona (At-Taurat), saenyana jiwa (dibales) ku jiwa, mata ku mata, irung ku irung, ceuli ku ceuli, huntu ku huntu jeung raheut ge aya Qishasna.

    • Ngajamin kasucian turunan manusa.
    Mulus rahayuna kahirupan rumah tangga mangrupakeun salah sahiji musabab anu bisa nangtukeun darajatna manusa. Dina leresan dieu Islam ngajamin karahayuan Rumah Tangga ku cara ngaharamkeun Zinah, sakumaha dawuhan Allah dina surat Ar-Ruum ayat 21 :
                ••   •     
    Jeung diantara tanda-tanda kakawasaanNa nyaeta Anjeunna geus nyiptekeun pikeun aranjeun istri-istri ti bangsa anjeun sorangan, supaya anjeun tetep manteng turta tengtrem ka manehna, jeung Anjeuna geus nyiptakeun diantara maraneh rasa katresna jeung nyaah. Saestuna hal sarupa kitu bener-bener kasampak tanda-tanda kakawasaan Allah pikeun kaom anu mikir.
    • Ngajamin hak milik manusa
    Pikeun ngajamin hak milik manusa Hukum Syara’ ngayakeun bab Mu’amalat jeung bab Waris. Dawuhan Allah dina Qur’an surat Al-Baqarah ayat 275 :
    •    
    Jeung Allah geus ngahalalkeun jual beuli jeung ngaharamkeun riba.

    Sareng dawuhan Allah dina surat An-Nisaa ayat 11 :
            
    Allah nyare’atkeun pikeun aranjeun ngeunaan (babagian pusaka) keur anak-anak aranjeun, nyaeta bagian budak lalaki sarua jeung bagian dua urang budak awewe.

    • Ngajamin kahormatan manusa.
    Pikeun ngajaga kahormatan manusa Hukum Syara’ ngaharamkeun Qodzaf (nuduh zinah), Sabbu (nyecele jalma), Ghibah (ngomongkeun kagorengan jalma dihareupeun nu lian) jeung hinaan sarupa lainna. Dawuhan Allah dina surat Al-Hujurat ayat 11 :
                          
    He jalma-jalma nu ariman, mangka ulah salah sahiji kaum diantara aranjeun ngagogoreng kaum nu lain (lantaran) bisa jadi maranehna (nu digogoreng) leuwih hade tibatan maranehna nu ngagogoreng, jeung mangka ulah awewe-awewe ngagogoreng awewe-awewe lain (sabab) bisa jadi awewe-awewe anu digogoreng eta leuwih hade tibatan awewe-awewe nu ngagogoreng

    Jeung dawuhan Allah dina surat Al-Hujurat ayat 12 :
                                •   •   
    He jalma-jalma anu ariman geura jauhan tina kalobaan prasangka, saestuna prasangka eta dosa jeung mangka ulah sabagian ti aranjeun ngorek-ngorek kasalahan batur tur mangka ulah sabagian aranjeun ngahasud sabagian nu lain. Naha anjeun suka diantara aranjeun aya anu ngadahar daging bangke dulur sorangan? Mangka tangtu maneh bakal ngarasa ijid ka eta jalma, jeung geura taqwa ka Allah. Saestuna Allah Maha pangampura tobat sarta Maha Welas.


    • Ngahirupkeun rasa sosial
    Pikeun ngahirupkeun eta perkara, mangka aya kawajiban ngaluarkeun zakat sarta ditekenkeun pikeun mere sodaqoh, hibah, wakaf, ngabela fakir miskin kalawan make tanaga, pikiran, kalungguhan jeung lain sajabana. Dawuhan Allah dina surat Al-Baqarah ayat 43

       •   
    Jeung adegkeun Solat, kaluarkeun zakat jeung geura ruku aranjeun sinarengan jalma-jalam nu ruku.

    Dawuhan Allah dina surat Al-Baqarah ayat 28 :
    ﻭﺗﻌﺎﻭﻧﻮﺍﻋﻠﻰﺍﻟﺒﺮّﻭﺗّﻘﻮﻯ
    Jeung geura tulung tinulungan aranjeun dina jalan hade jeung taqwa.

    • Ngajamin karahayuan sarta kasalametan agama Islam.
    Pikeun ngajamin eta perkara hukum syara’ ngajarkeun ngeunaan jalan-jalana bajuang saperti ngajaga karahayuan masjid, ngadegkeun Solat, nebarkeun syare’at agama Islam jeung sajabana. Dawuhan Allah dina surat As-Shaaf ayat 14 :
    ﻳﺂﺍﻳّﻬﺎﺍﻟﺬﻳﻦﺍﻣﻨﻮﺍﻛﻮﻧﻮۤﺍﺍﻧﺼﺎﺭﺍﷲ
    He jelema anu ariman geura jadikeun diri aranjeun panulung agama Allah.

    Sareng dawuhan Allah dina surat Al-Taubah ayat 41 :
                   
    Mangka geura miang anjeun boh dina kaayaan enteng atawa dina kaayaan bangga jeung geura jihad kalawan harta jeung diri anjeun di jalan Allah, nu kitu teh leuwih hade pikeun anjeun mun seug anjeun nyaho.

    • Ngajamin karahayuan babarayaan/duduluran.
    Pikeun ngajamin karahayuan dina duduluran ka papada manusa, hukum Islam ngalarang Hiqdu (dendam), Ghodob (ngewa/ambek), Hasud (ngewa jeung miharep leungitna kanikmatan batur). Sajaba ti eta, Islam oge ngajarkeun welas asih, silih pikanyaah, silih hormat ka sasama umat Islam. Allah ngadawuh dina surat Al-Hujurat ayat 10 :

           •   
    Saestuna jalma-jalma Mu’min eta sadulur, mangka akurkeun antara kadua dulur aranjeun jeung mangka taqwa ka Allah supaya anjeun meunang rohmat.

    • Ngajamin kasalametan Sato.
    Hukum syara nyaram kana nganiaya sato kalawan biadab, saperti diduruk hirup-hirup, dirangkeng sarta teu diparaban, digawekeun diluar ka- mampuanna jeung dipeuncit tampa ngaliwatan cara-cara anu sah. Firman Allah dina surat Al-Baqarah ayat 205 :
             •     
    Jeung saupama manehna ngabalieur (ti hareupeun) manehna lumampah di ieu bumi pikeun ngayakeun karuksakan diluhurna, jeung ngaruksak tutuwuhan jeung sato piaraan jeung Allah henteu mikaresep karuksakan.

    Dawuhan Rasulullah SAW :
    
    Nabi ngalarang ngurung sato pikeun dipaehan

    Jeung unggel Hadist Rasulullah SAW dina Kitab Sulamut-Taufiq nu diriwayatkeun ku Bukhory :
    
    Sing sieun anjeun kana nyiksa sato sok sanajan ka anjing nu galak.

    • Ngajamin kapentingan umum.
    Supaya kapentingan umum kajaga, hukum syara’ ngalarang tina migawe lampah nu bakal ngaganggu kapentingan umum nu aya dina kaayaan aman, saperti ngarumpak kalastarian cai jeung sajabana. Dawuh Allah dina surat Ar-A’rof ayat 56 :
         
    Jeung poma aranjeun ulah nyieun rupa-rupa karuksakan di ieu bumi sanggeus Allah memeresna.

    Aturan-aturan nu kaunggel eta disengker ku hukum syara’, sing saha jalma taat kana eta aturan baris dijamin ka Sawarga, sabalikna sing saha jalma wani ngarumpak kana eta aturan manehna baris nyicingan Naraka.

    Pikeun kasalametan jeung kahadean urang jaga di Akherat, mangka urang kudu migawe atawa ngamalkeun sababaraha perkara diantarana:

     Aqidah.
    Pikeun miara pancegna iman, hukum syara’ ngayakeun ajaran ‘Aqoid sakumaha ‘Aqidah Islamiyyah, perhatoskeun firman Allah dina surat Az-Zumar ayat 71-72 :

         • 
      •   • • 
    Jalma-jalma kafir diasupkeun ka Naraka Jahanam kalawan rageman. Jalma-jalma nu taqwa diasupkeun ka Sawarga kalawan rageman oge.

     Ibadah
    Pikeun ibadah ka Allah teu sagawayah kitu bae namung aya aturan-aturan anu tangtu nu disebut Hukum Fiqh, pikeun ngajamin benerna ibadah urang ka Allah ta’ala.

    6. Adat
    Adat atawa kabiasaan nu jadi dadasar dina hukum syara’ ngabogaan ta’rif sakumaha kaunggel dihandap.

          
    Sambungan nu aya patalina antara nu nyababkeun jeung nu disababkeunnana, lantaran kajadiannana mineng kasorang sarta sah gagalna jeung taya kamampuhan pikeun ngabuktikeunnana.

    Kecap  ngandung harti kontak panyambungan, mangka saupama aya perkara dimana antara nu nyababkeun jeung nu disababkeun teh taya panyambungannana, hal sarupa kitu teu bisa disebutkeun adat. Lir ibarat aya nu ngucap kieu : “lantaran tungtung pager imahna maju teuing ka hareup, nu boga imah teh geringan wae”. Padahal mun ditilik antara tungtung pager jeung geringna nu boga imah teh taya panyambungan, katetepan sarupa kitu nyaeta bid’ah jeung saupama enya kajadian, eta perkara teh ngan saukur kabeneran wungkul (tupalehing).
    Kecap    nu ngandung harti antara nu nyababkeun jeung nu disababkeunnana teh aya sambungan, mangka sok sanajan aya sambungan tapi taya patalian anu nyata teu kaasup kana adat. Ibaratna aya hiji jalma nu make batu ali Sulaiman dumadakan eta jalma jadi beunghar. Padahal antara kabeungharan eta jalma jeung batu ali nu dipakena teh taya patalian anu nyata (irasional), mangka hal sarupa kieu teu kaasup kana katetepan. Saupama eta perkaya aya kajadian, hal sarupa kitu ngan saukur kabeneran wungkul atawa bisa jadi kaasup kana Sihir Himiya.
    Kecap   ngandung harti yen panyambungan nu kaunggel teh kudu dumasar kana perkara eta teh sering pisan kajadian. Mangka kajadian anu sifatna kakapeungan teu kaasup kana adat, saperti Mu’jizat para Nabi, Karomah para Wali atawa Sihirna jalma Fasik.
    Kecap  hartina panyambungan nu dimaksud teh bisa jadi gagal. Mangka kaluar nu disebut Khowariqul lil‘adat (kajadian anu aheng) saperti diduruk teu tutung, dibacok teu raheut jeung sajabana.
    Kanggo langkung jelasna perkawis Khowariqul lil ‘adat Insya Allah baris diguar dina bab Wahdaniyyah.
    Kecap  hartina adat teu ngabogaan kamampuhan pikeun nyiptakeun atawa ngabuktikeun salah sahiji kajadian. Tutungna perkara anu kaduruk teh lain ku lantaran seuneu, waregna patuangan saparantosna tuang teh lain disababkeun ku katuangan, turunna hujan lain ku lantaran ceudeum, estuning ku kersana Allah ta’ala.
    Ta’rif adat nu kasebut mangrupakeun dasar Hukum Adat tur tina adat eta kaluar sababaraha elmu diantarana nyaeta:
     Elmu Nabatat = Elmu Tutuwuhan (Flora)
     Elmu Hayawanat = Elmu Sasatoan (Fauna)
     Elmu Jamadat/Haiat = Elmu Teknologi
     Elmu Pertambangan saperti Geologi
     Ilmu Samawat/Falak saperti Astronomi
    Dina leresan dieu hukum syara’ netepkeun kalawan fardu kifayah ayana salah saurang diantara umat Islam nu ngagem elmu-elmu nu kaunggel diluhur. Mangka geus sakuduna urang salaku umat Islam jadi lulugu dina ngawasa salah sahiji eta elmu, sahanteuna aya saurang dina hiji wewengkon.

    Hukum Adat Wajib dihormat.

    Kusabab katetepan hukum adat jadi dadasar dina hukum syara’, mangka katangtuannana wajib dihormat, saperti adat netepkeun yen ngaroko bakal ngabalukarkeun kasakit kangker, ku kituna urang wajib ngahormat ku cara teu ngaroko.
    Dawuhan Allah dina surat Ar-Ra’du ayat 11 :
              
    Saestuna Allah moal ngarobah kayaan hiji kaum (Musabab) tug dugi maraneh- na ngarobah kaayaan nu aya dina dirina (Sabab).

    Sok sanajan kitu, ayat-ayat Allah anu aya patula patalina jeung hukum adat (sabab jeung musabab), saperti nu kaunggel diluhur ulah nepi ka di- itikadkeun yen adat ngabogaan daya cipta pikeun ngajadikeun/ngahasilkeun hiji perkara, sabab sing saha wae jeung naon wae teu ngabogaan kamampuhan pikeun nyiptakeun hiji perkara kajaba ti Allah, sakumaha dawunanNa dina surat At-Taubah ayat 51 :
                  
    Ucapkeun! “Teu aya nu bakal nibanan ka kami sadaya kajaba naon nu tos ditangtoskeun ku Allah ka kami sadaya, Anjeuna panyalindungan kami jeung mung ka Allah jalma-jalma iman kudu sumerah.

    Dawuhan Allah teh aya anu nuduhkeun kana sare’at jeung kana hakekat, ayat sare’at nu nuduhkeun kana adat dina ngamalkeun nyaeta pikeun dijadikeun cekelan dina amal jeung ucapan, sedeng anu nuduhkeun kana hakekat nyaeta pikeun cekelan dina enggoning tawakal, sabar jeung sukur ka Allah ta’ala.
    Sapanjang Allah masih keneh ngayakeun hukum adat, mangka katangtuan hukum adat kudu dihormat (dilampahkeun). Saupama Allah teu ngayakeun hukum adat, Allah henteu nga-taklif pikeun ngalampahkeun katetepan hukum adat, ngalainkeun marentahkeun pikeun tawakal (sumerah) ka Allah kalawan sagemblengna nu dibarengan ku sabar jeung sukur.
    Sakumaha kajadian nu tumiba ka Kangjeng Nabi Ibrahim AS, nalika bade diduruk ku raja Namrud, dipayuneun Nabi Ibrohim teu kasampak deui lakon sare’at (hukum adat) pikeun ngabalieur tina kadoliman raja Namrud. Dina danget eta Nabi Ibrohim ngan ukur sumerah ka Allah kalawan sagemblengna (tawakal), dina manahna aya kayakinan yen seuneu moal boga kamampuhan pikeun nyiptakeun tutung jeung panas, mung Allah sahiji nu bisa ngawujudkeun sagala perkara. Mangka dina kaayaan Kangjeng Nabi Ibrohim nalika kitu, lungsur pitulung ti Allah dimana katangtuan hukum adat jadi patulang tonggong, seuneu nu sakuduna karasa panas teh jadi karasa tiis, sakumaha dawuhan Allah dina surat Al-Anbiya ayat 69 :
          
    He Seuneu! Jadi tiis anjeun jeung jadi kasalametan anjeun pikeun Ibrohim.

    Hubungan Sabab jeung Musabab (sambungan adat) aya opat rupa :
    1. Hubungan aya kana aya, saperti hubungan rasa wareg jeung ayana nu dituang.
    2. Hubungan aya kana taya, saperti hubungan ayana simut kana tayana tiris.
    3. Hubungan taya kana aya, saperti hubungan tayana simut kana ayana tiris.
    4. Hubungan taya kana taya, saperti hubungan teu tuang jeung tayana nu dituang.
    Kalihna ti eta aya oge sebutan adat anu nuduhkeunna teh lain kana hukum adat, saperti:
    1. Adat nu ngandung harti akhlak atawa kalakuan hiji jalma, upamana “si Fulan adatna adatna alus”, ngandung harti yen lakuna si Fulan teh alus, atawa “si Fulan adatna resep barangtuang”, ngandung harti si Fulan teh lakuna resep barangtuang.
    2. Adat nu ngandung harti Sya’nul Kaom (kalakuan hiji kaum), upamana adat urang Bali mun mawa botol sok disaluhureun sirah.
    Adat-adat sarupa kitu teu mutlak dibenerkeun ku hukum syara’, aya nu dipandang hade aya oge nu henteu, ku kituna teu mutlak bisa dijadikeun dadasar hukum syara’.





    7. Ta’rif Hukum Adat.
    
      
    Netepkeun hiji perkara (sabab) kana perkara nu lain (musabab) atawa ngilangkeun hiji perkara tina perkara nu lain kalawan ngaliwatan panalungtikan tina naon anu geus mineng kajadian, kapanggihna ku panca indra, aya patalian nu nyata, bisa gagal jeung taya hasil tina Sabab jeung Musabab.

    Contona netepkeun ayana tutung kanu diduruk atawa netepkeun wareg lantaran aya nu dituang.
    Kecap  mangrupakeun pokok ta’rif hukum, ti mimiti Hukum Adat, Hukum Syara’ nepi ka Hukum Akal.
    Kecap  nuduhkeun kana bebedaan antara hukum adat, hukum syara' jeung hukum akal.
    Kecap  nuduhkeun kana antara Sabab jeung Musabab kudu aya patalian jeung panetepannana kudu ngaliwatan hissi, boh hissi dohir atawa hissi batin.

    Nu dimaksud hissi dohir nyaeta nu disebut panca indra:
    Paningalna Mata, saperti katingalina raheut nu disababkeun kakeureut peso atawa tapak kaduruk ku seuneu, antara Sabab jeung Musabab duanana bisa kasaksi ku mata, nu ngandung harti antara Sabab jeung Musabab aya hubungan jeung patalian anu atra.
    Letah, saperti netepkeun ayana rasa amis kana gula, netepkeun rasa asin kana uyah. Antara Sabab jeung Musabab dipanggihanna ku letah.
    Pangrungu, saperti netepkeun ayana sowara lantaran aya jalma keur guneman, hubungan kaduana dipanggihanna ku pangrungu.
    Pangangseu, saperti netepkeun seungit kana minyak wangi, panetepan ieu dumasar kana pamanggihna pangangseu.
    Kulit/Panyasar, saperti ayana bentol dina tonggong, ditetepkeunna ku panyasar.
    Anapon nu disebut hissi batin nyaeta saperti ayana rasa lapar, bingung, susah, gumbira jeung sajabana.

    Babagian Hukum Adat.

    Panetepan hukum adat kabagi kana dua bagian:
     Wajib ‘Ady, nyaeta hiji katetepan nu kudu kajadian nurutkeun adat, dumasar kana pataliannana saperti dina ta’rif diluhur.
     Muhal ‘Ady, nyaeta hiji katetepan nu moal bakal kajadian nurutkeun adat, disebut Khowariqul lil ‘adat, saperti mustahilna nu diduruk teu tutung atawa nu dibacok henteu codak.


    8. Hukum Akal

    Sateuacan nganyahokeun hukum akal langkung tipayun urang guar heula ngeunaan akal numutkeun Elmu Tauhid, nyaeta:

          
       
    Cahya Latif (Cahya Ruhani) nu bisa manggihan kanyaho boh nu bangga atawa nu enteng. Tempatna nyaeta dina ati tur sorotna dina uteuk, ngawitan ligar nyaeta nalika ruhani manusa ditiupkeun (ku Malaikat Jibril) kalebet Janin (dina kandungan Ibu) jeung sampurnana dikawitan nalika mangkat baligh.

    Kecap    nyaeta cahya goib nu teu bisa ditingali kajaba ku Allah, lantaran cahya akal nu kaunggel lain mangrupa cahya nu bisa ditingali ku panon kapala oge lain cahya goib saperti:
     Nur Syahwati, cahya ati nu aya patalina jeung asmara gama.
     Nur Duniawi, cahya ati nu ngarah kana kadunyaan.
     Nur Nafsu, cahya nafsu nu sok ngajak kana kagorengan.
     Nur Syaitoni, cahya pancaran Setan nu ngaranjing kana jiwa manusa.
    Sakumaha nu tos disebatkeun dina pasal hukum adat yen aya sebutan adat nu teu kaasup kana hukum adat, sumawona dina hukum akal,aya sebutan akal nu teu kaasup kana ta’rif diluhur (teu bisa jadi hakimna hukum akal) kusabab pimaksudeunnana beda, diantarana :
    o Akal nu ngandung harti Pikiran, dina kecap “gunakeun akal andika ulah siga nu teu ngabogaan akal”.
    o Akal nu ngandung harti Adat,”akal kuring teu ngarti wireh aya nu diduruk teu tutung”.
    o Akal nu ngandung harti Ikhtiar, “kuring geus kabeakeun akal pikeun ngabogaan eta barang”.
    o Akal nu ngandung harti Pinter, “budak teh akalna hade oge, saumur kitu geus bisa nyieun momobilan sorangan”.
    o Akal nu ngandung harti Dewasa, “budak leutik mah can boga akal”.

    Babagian Akal.

    Akal kabagi kana dua bagean:
    1. Akal Ghorizi, nyaeta akal nu ngabogaan kakuatan pikeun nganyahokeun kana ayana Allah.
    2. Akal Thobi’i, nyaeta akal nu ngabogaan kamampuhan pikeun ngahontal pimaksudeunnana ngan teu mampu ngarti pikeun nganyahokeun ayana Allah.
    Saupama manusa nu ngabogaan akal ghorizi teu bisa ngagunakeun akalna pikeun nganyahokeun Allah, tangtu ngagejlig martabat jeung darajatna di payuneun Allah sarta leuwih hina tibatan sato nu ngan ngabogaan akal thobi’i, sakumaha dawuhan Allah dina surat Al-A’rof ayat 79 :

    ﻭﻟﻘﺪﺫﺭﺃﻧﺎﳉﻬﻨّﻢﻛﺜﺮﺍﻣّﻦﺍﳉﻦّﻭﺍﻻﻧﺲ ﻟﻬﻢﻛﻠﻮﺏ
    ﻻﻳﻔﻘﻬﻮﻥﺑﻬﺎﻭﻟﻬﻢﺍﻋﲔﻻﻳﺒﺼﲑﻭﻥﺑﻬﺎﻭﻟﻬﻢﺍﺫﺍﻥ
    ﻻﺳﻤﻌﻮﻥﺑﻬﺎﺍﻭﻟۤﺌﻚﻛﺎﻻﻧﻌﺎﻢﺑﻞﻫﻡﺍﺿﻞّﺍﻭﻟۤﺌﻚﻫﻡ
    ﺍﻟﻐﺎﻓﻠﻮﻥ
    Jeung saestuna Kami ngajadikeun pikeun (eusi) naraka Jahanam kalobaan tina bangsa Jin jeung Manusa, maranehna ngabogaan akal (tapi) teu dipake pikeun mahaman ayat-ayat Allah, jeung maranehna ngabogaan mata tapi teu dipake pikeun ningali (tanda-tanda kakawasaan Allah) jeung maranehna ngabogaan pangrungu (tapi) teu dipake pikeun ngareungeu (ayat-ayat Allah). Maranehna lir ibarat sato inguan, samalah maranehna leuwih sasar deui. Maranehna nyaeta jalma-jalma anu teu eling (lale).

    1. Ta’rif Hukum Akal.
    
     
    Netepkeun hiji perkara kana perkara nu lain atawa ngilangkeun hiji perkara kana perkara nu lainna,sarta teu nunggu kana hasil panalungtikan (sering kajadian) sarta teu nunggu kana panetepan Asy-Syar’i.
    Kecap  nyaeta ngaluarkeun katetepan hukum adat, sabab katetepan hukum adat dumasar kanu se-ring kajadian. Kecap   nyaeta ngaluarkeun katetepan hukum syara’, ku sabab katetepan hukum syara ditanggelkeun kana ayana katetapan Allah jeung RasulNa, sedengkeun nu ditetepkeun ku hukum akal nyaeta kalumangsungan samemeh umat manusa diciptakeun sarta Rasul-rasulna diangkat, samalah leuwih jauh deui nyaeta samemeh gumelarna ieu alam dunya. Jadi jelas lumangsungna ieu katetepan hukum akal teh teu ditanggelkeun kana aya atawa tayana akal, ku sabab samemeh akal aya, katetepan hukum akal mah geus aya. Perhatoskeun ieu conto: Allah AYA, ku kituna Allah KAWASA, katetepan sarupa kieu teu ditanggelkeun kana ayana akal. Aya atawa teu ayana akal teu mangaruhan kana katetepan yen Allah eta aya. Lajeng naon atuh pang disebut Hukum Akal? Jawabanna nyaeta, sabab eusi katangtuan hukum akal di-panggihanna ku akal, tapi lain ngandung harti ayana katangtuan hukum akal teh sanggeusna akal ngajadi.
    Saupama katangtuan hukum akal jeung pasualan katetapan ayana Allah nunggu kana ayana beja tina Qur’an jeung Hadist, atawa dumasar kana katangtuan adat, eta perkara bisa nimbulkeun lumangsungna Daor nu pamohalan kajadian, lantaran nu disebut daor nyaeta:
     
    Nu disebut Daor nyaeta ayana hiji perkara nunggu kana ayana perkara nu lain, nu mana ayana perkara nu lain eta teh nungguan oge kana ayana perkara nu mimiti.
    Conto lain: Iman ka Allah nunggu kana ayana beja ti Qur’an jeung Hadist, sedengkeun iman kana Qur’an jeung Hadist teh nunggu oge kana imanna ka Allah. Hal sarupa kitu pamohalan bakal kajadian sabab silih tungguan, ku sabab kitu katetepan ayana Allah teh hasil katetepan hukum akal, nu saterusna manusa iman kana ayana Allah, sanggeusna iman ka Allah bakal timbul kapercayaan kana Qur’an jeung Hadist, sanggeusna percaya kitu Qur’an jeung Hadist teh bakal dijadikeun dalil.
    Dalil hukum akal kabagi kana dua bagean
    1. Dalil Naqli, nyaeta dalil-dalil anu sumberna tina Al-Qur’an jeung Hadist sarta khusus piparantieun jalma nu geus iman ka Allah.
    2. Dalil Aqli, nyaeta dalil-dalil anu dumasar kana katetepan akal, piparantieun jalma nu tacan atawa nu geus iman ka Allah. Dalil Aqli kabagi deui kana dua bagean:
    o Dalil Aqli Ijmali, nyaeta dalil nu sifatna sederhana. Hukum nga-nyahokeun kana ieu dalil teh nyaeta Fardu ‘Aen (wajib)
    o Dalil Aqli Tafshili, nyaeta dalil nu leuwih luhur tur eces nu bakal mampu mageuhkeun kana ajaran Islam sarta ngalawan kana ajaran-ajaran anu teu satujuan jeung ajaran tauhid ieu. Hukum nganyahokeun kana ieu dalil teh nyaeta Fardu Kifayah.

    Hubungan Hukum Syara’ jeung Hukum Akal.

    Katetepan hukum syara’ pikeun hukum akal nyaeta salaku kamudi (kontrol), sabab saupama hukum akal nu dipake kalawan teu merhatikeun hukum syara’na, bkal ngabalukarkeun alam pamikiran anu samar jeung teu tangtu jujutannana, nu antukna bakal kagolongkeun kana golongan Kafir Fulasiah atawa Jabariyyah.
    Saupama aya kajadian ayat Qur’an atawa katerangan Hadist nu eusina teu kapaham ku akal, mangka hukum akal nu geus dikamudikeun ku hukum syara’ bakal bisa nyaliksik kana eta katerangan tur ngajadi Takhsis, sakumaha dawuhan Allah dina surat Al-Hasyr ayat 2 :
      
    Mangka geura cokot eta kajadian pikeun jadi palajaran he jelema nu ngabogaan akal.

    Pikeun leuwih ngeceskeun ieu masalah perhatoskeun oge dawuhan Allah dihandap:
    
    Sacara harti kecap ngandung harti “Panangan Allah disaluhureun leungeun Makhluk”, saupama dihartikeun kitu ngaco kacida sabab pamohalan tur bakal nimbulkeun dugaan nyaeta :
    *) Allah ngagaduhan panangan siga manusa.
    *) Saupama enya yen Allah teh pananganan saperti manusa mangka bakal nimbulkeun dugaan yen panangan Allah teh seueur kacida.
    Sedengkeun numutkeun hukum akal Allah teh Mukholafatu Lil Hawadist (beda jeung makhluk) sakumaha dawuhanNa dina surat Al-Ikhlas ayat 4 sareng Asy-Syuro ayat 11 :

    ﻭﻟﻢﻳﻜﻦﻟﻪﻛﻔﻮﺍﺍﺣﺪ--- ﻟﻴﺲ ﻛﻤﺜﻟﻪﺷﻴﻰﺀ
    Teu aya saperkara oge nu sarupa sareng Anjeuna.

    Dina ngalenyepan ayat nu kaunggel, para Ulama kabagi kana kana dua golongan:
    1. Ulama Kholaf (Ulama nu jumeneng saparantos taun 500 H), pangemutna nyaeta yen dina ngahartikeun ayat nu kaunggel tadi teh kudu dita’wil (dijembarkeun) kalawan hartian nu sakirana bisa ditarima ku akal, sabab saupama teu dita’wil ngandung harti Qur’an teh teu bisa mere pituduh. Pamandang ieu teh di dasaran ku dawuhan Allah dina surat An-Nahl ayat 44 :
        ••     
    Jeung Kami turunkeun ka aranjeun Al-Qur’an, supaya anjeun ngajelaskeun ka umat ngenaan naon nu geus ku Kami diturunkeun ka maranehna tur supaya maranehna mikiran.

    Sareng dawuhan Allah dina surat Al-Hasyr ayat 2 :
      
    Mangka geura cokot eta kajadian pikeun jadi palajaran he jalma-jalma nu ngabogaan akal.

    2. Ulama Salaf (Ulama nu jumeneng sateuacan taun 500 H), pangemutna yen ayat nu kaunggel teh teu meunang dita’wilkeun. Anapon ngeunaan pimaksudeun tina eta ayat dipasrahkeun sagemblengna ka Allah, pikeun ngajaga ayana kasalahan dina ngrarapkeun Al-Qur’an.

    Sok sanaos kitu, dina leresan aqidah mah teu aya bentenna antawis kayakinan Ulama Khalaf sareng Ulama Salaf teh, bentenna mung dina lebah ngajembarkeun ayat-ayat Mutasyabihat wungkul.









    =========================================





    BAB III

    PAMEUNTEUN HUKUM SYARA’
    KANA ELMU TAUHID

    1. Kawajiban Ngabogaan Tauhid

    Hukum Syara’ ngawajibkeun ka sakabeh jalma nu ngabogaan akal sarta geus baligh (Mukallaf) pikeun ngabogaan tauhid, nyaeta nganyahokeun jeung ngayakinkeun kana ayana Allah, sabab sah jeung henteuna iman hiji jalma diukur tina katauhidannana.
    Kawajiban ngabogaan tauhid diterapkeun ti ngawitan akil baligh tumiba, ku sabab kitu sakiceup wae dina mangsa geus baligh katauhidan leungit, ngandung harti eta jalma geus ngalaman kafir. Ku kituna, samemeh nicak kana baligh dikudukeun pisan neuleuman elmu tauhid leuwih tiheula, etang-etang sasayagian sarta pikeun ngajaga laku supaya teu ngalaman kafir leuwih tiheula. Al-Baqarah ayat 21-22 :
     ••                         •          
    He Manusa ! Geura ibadah ka Pangeran anjeun nu geus nyiptakeun anjeun jeung jalma-jalma samemeh aranjeun, supaya anjeun jadi jalma nu taqwa. Anjeuna nu geus ngajadikeun bumi minangka titincakan pikeun anjeun, sarta langit minangka suhunan, jeung Anjeuna ngalungsurkeun hujan ti langit sarta Anjeuna ngahasilkeun kalawan eta cai hujan mangrupa-rupa bubuahan pikeun rizki keur anjeun, ku kituna pama ulah ngayakeun sekutu ka Allah, padahal anjeun geus apal.
    Kecap ngandung harti Kudu ibadah anjeun sakabeh, nu dimaksud nyaeta lain ngan saukur ibadah saperti Sholat, Zakat, Puasa, Munggah Haji wungkul, tapi nu leuwih utama tina ibadah nyaeta ngabogaan tauhid/kaimanan ka Allah, sabab jalma nu can iman ka Allah (kafir) mah teu sah ibadahna.

    Kecap ngandung harti Nu geus nyiptakeun anjeun sakabeh, nu dimaksud nyaeta, nuduhkeun yen parentah ibadah dina ieu ayat aya patalina jeung sasakala diciptakeunna manusa, hal ieu nuduhkeun yen parentah ngabogaan tauhid teh kudu dibarengan ku dalil, boh dalil Aqli atawa dalil Naqli.
    Dina tungtung ayat aya kecap     nu hartina Jeung poma anjeun ulah ngayakeun sekutu ka Allah, nu dimaksud nyaeta, manusa dina katauhidanna lain ngan nyaho kana ayana Allah wungkul, tapi kudu dibarengan ku cara teu ngabenerkeun aya deui pangeran kajaba ti Allah.

    2. Ngucapkeun Syahadat

    Iman ka Allah diikrarkeun kalawan ngucapkeun Syahadat sakumaha kaunggel :
      
    Abdi nyaksi yen teu aya deui Pangeran anging Allah, sareng abdi nyaksi yen Nabi Muhammad eta utusan Allah.

    Para Ulama parantos sapuk yen ngucapkeun Syahadat teh mangrupakeun Rukun Islam, mangka saha jalma nu teu ngucapkeun dua kalimah Syahadat manehna teu kaasup Islam, sok sanajan dina hakekatna manehna iman kana ayana Allah, sakumaha kaunggel dina Hadist nu diriwayatkeun ku Bukhory (Hadist Al-Arba’in)
     • 
    
    
    Ti Umar R.A, Saestuna Rasulullah SAW tos ngadawuh: Kami diparentahkeun pikeun merangan jalma-jalma nepikeun maranehna nyaksi (ngucapkeun Syahadat) yen “Teu aya deui Pangeran anging Allah jeung Saestuna Muhammad teh utusan Allah” jeung ngadegkeun Sholat sarta ngaluarkeun Zakat. Samangsa maranehna migawe eta kabeh, mangka Kami ngajaga getih tur harta banda maranehna, kajaba hak-hak nu aya patalina jeung Islam, saterasna hisaban maranehna disanggakeun ka Allah.

    Dina hal ngucapkeun Syahadat nu dibarengan ku kaimanan, para Ulama ngagaduhan sababaraha pamandang diantawisna:
    1. Imam Al-Asy’ari sareng Al-Maturidy (Muhaqiqin) mandang yen ngucapkeun dua kalimah Syahadat teh mangrupikeun sarat sahna iman.
    Ulama Jumhur masihan katerangan ngeunaan pamandang Imam Al-Asy’ari sareng Al-Maturidy, yen nu dimaksad sarat sahna iman teh nyaeta pikeun nga-sahkeun hukum Islam di Dunya, saperti hukum nikah, waris, sholat sareng sajabina. Sedengkeun dipayuneun Allah, nu di tingal teh nyaeta atina sanes ucapannana. Lamun atina iman kalebet Mu’min sarta pibalikeuna teh Sawarga, kitu deui samulihna lamun dina atina taya kaimanan sok sanajan ngucapkeun Syahadatain, teu kaasup kana golongan Mu’min sarta pibalikeuna teh Naraka.
    2. Imam Abu Hanifah, ngagaduhan kamandang yen ngucapkeun Syahadatain teh satengan tina iman, sabab Iman jeung Syahadatain mangrupakeun rangkepan dohir jeung batin.

    3. Syahadat Munjin

    Sakumaha nu tos disebatkeun di luhur, wirehna pikeun ngajadi jalma iman teh teu cukup ngan ku ngucapkeun Syahadat wungkul, lantaran masalah kaimanan mah lain masalah lahiriyah ngalainkeun masalah hate atawa kajiwaan. Kumargi kitu dina ngucapkeunna oge kedah dilenyepan kalawan saenyana. Syahadat nu dilenyepan kalawan saenyana ieu teh disebatna Syahadat Munjin, nyaeta Syahadat nu bakal nyalametkeun manusa engke di akhir.
    Anapon nu dimaksud Syahadat Munjin nyaeta Syahadat nu dibarengan ku :
    1. Ma’rifat, nyaeta hate ngaku yen Allah teh Pangeran tur Muhammad teh utusan Allah.
    2. Idz-dzi’an, nyaeta hate narima mangeran ka Allah sarta narima karasulan Nabi Muhammad.
    3. Qobul, nyaeta hate narima sakabeh ajaran Allah jeung RasulNa, tug dugi ngajadi ageman hirup.
    4. Lafad/kecap, nyaeta kalimah nu diucapkeun kudu basa Arab, teu bisa digenten ku basa sejen sok sanajan dina maknana eta basa teh sarua.
    o Ma’rifat
    Dina ngucapkeun Syahadat teh kudu dibarengan ku hate nu ma’rifat nyaeta nu dibarengan ku:
     Idrokun Jazimun, nyaeta ngayakinkeunna teh kalawan saenyana nepikeun taya deui mangmang dina hate, yen saestuna teu aya deui Pangeran anging Allah jeung Muhammad teh utusan Allah.
     Muwafiqun Lil Waqi’i, nyaeta naon nu dipikayakin ku urang teh saluyu jeung kanyataannana sakumaha nu kasebat dina elmu tauhid.
     Nasyi’un ‘Andalilin, nyaeta ngayakinkeun kana ayana Allah teh dibarengan ku dalil nu bisa mancegkeun pamadegan, boh dalil aqli atawa dalil naqli.
    Anapon nu kedah dima’rifatkeun teh nyaeta:
    • Dzat Allah sareng sifat-sifatNa.
    • Dzat Rasul sareng sifat-sifatNa.
    • Nu Mumkin di Allah sarta di Rasul.
    • Nu wajib jeung nu mustahil di Allah jeung RasulNa.

    o Idz-dzi’an.
    Pikeun disebutkeun Mu’min teh teu cukup ku ngacapkeun Syahadat nu dibarengan ku ma’rifat wungkul, sajabana ti eta kedah oge disarengan ku ayana pangakuan yen Allah teh Pangeran abdi sarta Nabi Muhammad teh Rasul abdi. Jadi saupama aya nu ngayakinkeun yen Allah teh Pangeran sarta Muhammad teh Rasul Allah, tapi manehna teu narima mangeran ka Allah jeung teu ngaku kana karasulan Nabi Muhammad, dipayuneun Allah eta jalma teu kaasup kana golongan jalma iman, saperti ucapan salah sahiji pamingpin bangsa Yahudi di zaman Nabi nyaeta Abdullah bin Salam, manehna ngecap : “ kuring yakin yen Muhammad teh saenya-enyana Rasul Allah jeung Nabi pamungkas, sakumaha kuring yakin ka anak kuring sorangan, samalah ka Nabi Muhammad kuring leuwih yakin (ma’rifat)”. Jalma sarupa kieu disebutkeun dina Al-Qur’an surat Al-Baqarah ayat 146 :
        
    Jalma-jalma (Yahudi jeung Nasrani)nu geus dibere Kitab (Taurat jeung Injil) apal (ma’rifat) ka Muhammad sakumaha maranehna apal ka anak-anakna sorangan. Jeung saestuna sabagian di antara maranehna nyumput-keun kabeneran, padahal maranehna geus apal.

    o Qobul.
    Sing saha jalma anu dina hatena teu narima kana ajaran Allah jeung RasulNa, manehna teu kaasup jalma Mu’min, sok sanajan manehna geus ma’rifat jeung Idz-dzi’an sarta ngalaksanakeun ajaran Allah jeung RasulNa.
    Salaku bukti yen eta jalma geus Qobul, eta jalma kudu wani ikrar:


       
    Abdi rido ka Allah mangeran, jeung ka Islam abdi ngagem Agama, jeung ka Nabi Muhammad abdi nga-Nabi tur nga-Rasul, jeung kana Qur’an abdi ngimam, jeung ka jalma-jalma Mu’min abdi midulur.

    Sajabina ti Allah sareng rasul-Na, wajib oge ku urang dima’rifatkeun ngeunaan ayana alam gaib sakumaha dawuhan Allah dina surat Al-Baqarah ayat 3-4
       -------   
    Manehna (nu taraqwa) nyaeta nu iman kana perkara nu gaib, sarta maranehna yahin kana ayana kahirupan akherat.
    Anapon nu disebut alam gaib diantarana nyaeta:
    o Alam Barzah
    o Alam Ba’ats/tina kubur
    o Mahsyar/tempat kumpul
    o Mauqif/tempat nunggu hisaban
    o Mizan/timbangan amal
    o Syafa’atul Udhma
    o Sawarga
    o Naraka
    o Shirothol Mustaqim
    Jalma nu ma’rifat, idz-dzi’an, qobul jeung ngucapkeun Syahadat tapi hanteu ngalaksanakeun ajaran-ajara Islam disebut Mu’min Fasiq. Jalma nu ngalakonan ajaran Islam tapi hatena teu ma’rifat, idz-dzi’an jeung qobul disebut Mu’min Munafiq.

    5. Tingkatan Iman

    Sakumaha nu kaunggel dina Qur’an jeung Hadist, yen kaimanan teh kadang sok nambahan kadang sok ngurangan, mangka para Ulama ngabagi kaimanan kana lima tingkatan nyaeta:
    1. Iman Taqlid.
    Nyaeta kaimanan hiji jalma nu teu dibarengan ku dalil/argumentasi, manehna ngan saukur tuturut nu lain, tapi hatena yakin jeung jazim kana ayana Allah.
    Dina ngahukuman Iman Taqlid para ulama ngagaduhan pamandang nu barenten diantawisna :
    a) Al-Asy’ari, Abi Bakrin Baqilani, Imam Malik sareng Imam Haromaen, pamandangna nyaeta yen Iman Taqlid teh hukumna sah, ngan dosa eta jalma alatan tuturut munding tanpa ngabogaan dalil.
    b) Ibnu ‘Arobi sareng Iman Sanusi, “Iman Taqlid teh teu sah”, namung dina Kitab Kubro Imam Sanusi nyabut deui pamandangna.
    c) Imam Dasuqi, “Iman Taqlid teh sah”ngan dosa lamu eta jalma mampu mikir. Pamandang model kieu teh dijadikeun cekelan ku para Ulama (Al-Mu’tamad) dumasar kana dawuhan Allah dina surat Al-Baqarah ayat 286 :
          
    Allah teu ngabeungbeuratan hiji jalma kajaba saluyu jeung kamampuhna.

    d) Sabagean Ulama nandeskeun yen iman Taqlid teh sah hukumna sarta henteu dosa lamun nu diturutna teh ngabogaan dalil tina Qur’an jeung Hadist.
    e) Sabagean Ulama meunteun yen iman Taqlid teh sah sarta teu dosa boh keur nu mampu mikir boh keur nu awam, pameunteunna ieu dumasar kana Hadist Rasul nalika ngawalon patarosan ti saurang Badawi “Ya Rasulullah, kumaha carana sangkan lebet ka Sawarga?” Sarentek Nabi ngawalon “Geura ucapkeun ku anjeun!”
      
    f) Sabagean Ulama ngagaduhan pamandang yen iman Taqlid teh sah, samalah lamun geus iman diharamkeun neangan deui dalil sabab bisi aya mangmang.
    Tina sadaya pamandang Ulama nu tos kaunggel diluhur teh teu ngabaud kana ngeunaan masalah nu pokok (Mu’takad).

    2. Iman Ilmu
    Nyaeta kaimanan jalma mukallaf nu geus nyaho dalil nu bener. Ahluttashauf meunteun yen tingkatan iman sarupa kieu disebut “Mahjubun” atawa anu kahijab.

    3. Iman ‘Iyan
    Nyaeta kaimanan hiji jalma nu dibarengan ku ma’rifat sarta tashdiq, nu ngalenyepan sifat Ilmu, Sama, Basharna Allah sarta geus ngaranjing dina jiwana, nepikeun ka ngarasa sok didangu ku Allah sarta linggihna di Maqom Muraqobah. Ku ahli ma’rifat mah iman sarupa kieu teh dingaranan Iman’Ilmul Yaqin.

    4. Iman Haqqul Yakin
    Nyaeta kaimanan hiji jalma nu ngabogaan paneleuman nu jero, hatena mampu nyulusup ka Maqom Musyahadah, saupama ningali hiji makhluk, saharita manahna inget ka nu nyiptakeunnana. Kaimanan model kieu ngaranjingna jeung sifat Qudrat Allah.

    5. Iman Haqiqat
    Nyaeta kaimanan hiji jalma anu paneuleumna leuwih jero deui sarta ka- ma’rifatanna leuwih aheng deui dugikeun ka manahna teu emut deui ka makhluk, manahna tetep manteng ka Allah sarta linggihna di Maqom Fana. Kaimanan sarupa kieu dinamian oge Iman ‘Aenal Yaqin anu kaayaanna teh Majdub.

    6. Iman Haqiqatul Haqiqat
    Nyaeta kaimanan para Rasul, dina leresan dieu para Ahli Ushul hanteu masihan ta’rif.




    =======================================







    BAB IV

    AQIDAH ULUHIYYAH

    Pasal 1.
    Sifat nu wajib di Allah

    Sifat nu wajib/pasti aya di Allah jumblahna kalintang seueur, mo bisa kaitung sarta mo bisa diringkes, alatan sifat kasampurnaan Allah moal aya nu bisa sanggup ngitungna kajabi Allah nyalira. Namung nu wajib ku urang dikanyahokeun nyaeta nu aya dalilna bae, boh dalil aqli atawa dalil naqli.
    Dina ngajumblahkeun sifat wajib ieu, para Ulama ngagaduhan sababaraha pamandang nyaeta:
    1. Al-Asy’ari sareng Muhaqiqin ngunggelkeun yen sifat Allah anu wajib di- kanyahokeun jumblahna aya 12 sifat, nu kabagi kana 5 sifat Salabiyyah sarta 7 sifat Ma’ani.
    2. Abi Bakrin Baqilani, Imam Haromaen katut Ar-Rozi ngunggelkeun yen sifat Allah nu wajib dikanyahokeun aya 13 sifat, 12 sifat sakumaha pamandang anu kahiji ditambah 1 sifat, nyaeta sifat Wujud (Nafsiyyah).
    3. Al- Ma’turidy, Sanusi kalih Ibrahim Al-Bajuri ngunggelkeun yen sifat Allah nu wajib dikanyahokeun jumblahna aya 20 sifat, 13 sifat sakumah pamandang anu kahiji sareng kadua, ditambah 7 sifat Ma’nawiyyah.
    Supaya sadaya pamandang Ulama Ushuludin tadi kawengku, mangka nu baris dicandak nyaeta sifat nu 20 sarta kabagi kana:

    No Ngaran Sifat Golongan Sifat Jumblah Sifat
    1 Wujud Nafsiyyah 1

    1 Qidam Salabiyyah 5
    2 Baqo
    3 Mukholafatul Lil Hawaditsi
    4 Qiyamuhu Binafsihi
    5 Wahdaniyyat

    1 Qudrat Ma’ani 7
    2 Iradat
    3 Ilmu
    4 Hayat
    5 Sama’
    6 Bashar
    7 Kalam

    1 Qodiran Ma’nawiyyah 7
    2 Muridan
    3 ‘Aliman
    4 Hayan
    5 Sami’an
    6 Bashiran
    7 Mutakalliman


    Pasal 2.
    Sifat Nafsiyyah

    Ta’rif Sifat Nafsiyyah
    
    Hal/ Sifat nu pasti netep dina hiji perkara anu maujud, salila ayana eta dzat teh teu disababkeun ku nu lain.

    Sakumaha nu tos kaunggel diluhur, wirehna Nafsiyyah teh nyaeta sifatna Wujud.Anapon nu kasebat wujud teh kabagi kana tilu rupa:
    1. Wujud Idlofi, nyaeta ayana hiji perkara nyarande kana perkara nu lain, saperti ayana beurang kulantaran ayana peuting.
    2. Wujud ‘Aridli, nyaeta ayana hiji perkara dipiheulaan ku teu aya, saperti wujudna alam dunya.
    3. Wujud Dzati, atanapi Wujud Haqiqi, nyaeta ayana hiji perkara teu nyarande kanu lain sarta teu dipiheulaan ku teu aya, nyaeta wujud Allah SWT.
    Barang nu aya (Maujud) teh bisa dipendakan ku Hisi jeung ‘Akli. Nu tiasa kapendak ku Hisi nyaeta barang nu kapendakna ku Panca Indra, sakumaha nu tos diguar dina bab samemehna.
    Barang nu bisa kapendak ku ‘Akli kabagi kana dua bagean, nyaeta:
    1. Wujud ‘Aqli Mumatsalah, nyaeta ayana ruhani makhluk sarta sifat-sifatna, saperti gumbira, susah, bodo, sieun, wani jeung sajabana.
    2. Wujud ‘Aqli Mukholafah, nyaeta ayana Allah sareng sifat-sifatNa, saperti Qudrat, Iradat jeung sajabana.
    Ku alatan kitu mangka batal patekadan Kafir Mujasimah nu nga ‘itikadkeun yen Allah teh netep dina ruhani manusa, nu balukarna nimbulkeun harti yen Allah teh ngahiji jeung manusa. Ku sabab kitu mangka kaluar Qoidah Kejawen yaeta, Ya Allah Ya Isun, Ya Isun Ya Allah Isun Sejati.
    Sacara logika, saupama Allah netep dina hate manusa, ngandung harti Allah tos hanteu Qiyamuhu Binafsihi, sabab mibutuh tempat pikeun netep , jeung ieu perkara teh pamohalan pisan, lantaran nu Mumatsalah jeung nu mibutuh tempat pikeun netep mah ngan makhluk hungkul. Pikeun ngalempengkeun Qoidah Kejawen nu kasebat nyaeta ku logika “Yen Allah kapendakna teh ku Isun Sejati, nyaeta akal ruhani manusa, sarta nu ditingali ku Allah teh nyaeta akal ruhani insan/Isun Sejati.
    Sajaba ti kitu katerangan diluhur oge ngabatalkeun patekadan Kafir Fulasifah, nu nga’itikadkeun yen Allah teh nyarande kana ayana alam sarta ngahiji jeung jeung alam. Ku sabab ayana Allah teh sanes Wujud ‘Aridli jeung Idlofi, tangtu bae eta wujud teh teu Qiyamuhu Binafsihi jeung teu Qodim.
    Pamandang Hukum Syara

    Sadaya mukallaf wajib nga’itikadkeun kana ayana Allah sarta kana mustahil teu ayana Allah.
    Dalil Aqli sifat Wujud di Allah

    o Jagat Raya ieu geus pasti Jirim, nyaeta dzat anu ayana sok mibutuh kana rohangan anu pas pikeun panetepan sarta ‘Arodl nyaeta sifat anu napel kana Jirim, nu salawasna tara leupas tina dua kamumkinan antara usik sarta cicing (Taghoyyur).


    Alam
    Hadist
    Jauhar
    Hadist Jauhar
    Talazum jeung ‘Arodl Hirup+Cicing
    Taghoyyur
    Hadist Alam
    Jauhar+’Arodl

    Al-Hadist Wujuduhu Ba’dal Adam Al-Hadist
    Yahtaju Ilaa Muhdist Al-Mujditsu Huwarrobbu Al-‘Alam Dalilu ‘Aa Wujudillah


    o Barang nu ayana napel kana perkara nu anyar, pinasti barang eta oge anyar, kusabab kitu ieu alam pasti anyar.
    o Sacara logika nu kasebut tina taya kana aya tangtu mibutuh kanu ngayakeun, ku sabab kitu eta barang basti jijieunan, lantaran ayana diayakeun.
    o Taya nu ngabogaan kamampuhan pikeun ngayakeun, lantaran kaayaannana oge sok merlukeun nu lian salaku nu ngayakeun sarta sok dibarengan ku sifat-sifat anu anyar. Akal manggihan pihak nu ngayugakeun nyaeta Pageran nu Maha Tunggal nu teu dibarengan ku sifat-sifat nu anyar. Anapon nu dipendakan nami Pangeran nu Maha Tunggal nyaeta Allah, dumasar kana wahyu ti Allah dina Surat Ar-Ro’du ayat 16 :
            
    Ucapkeun : Saha Pangeran Langit jeung Bumi teh? Geura jawab Allah

    Dalil anu ngabenerkeun pamikiran yen ieu alam teh pati robah jeung pasti anyar nyaeta dumasar kana dawuhan Allah dina SuratYasin ayat 38 :
            
    Jeung Panonpoe nguriling dina pamuterannana (orbitna), hal saupaning kitu mangurpa katetepan nu Maha Gagah tur Maha Uninga.
















    Pasal 3
    Sifat Salabiyyah

    Salabiyyah teh bahasa arab anu asal kecapna nyaeta tina kecap Salab anu hartina Nyabut, terus ditambah Ya Nisbat anu akhirna ngabogaan harti Anu Nyabut, sabab ayana sifat Salabiyyah teh pikeun nyabut perkara atawa sifat anu disebut Maqulat, nyaeta sifat anu mustahil aya di Allah. Alatan disebut sifat anu nyabut perkara anu mustahil pikeun Allah, sifat Salbiyyah teh disebut oge sifat ‘Adamiyyah nu hartina nu ngajadikeun sifat kateuaya, saperti Qidam (teu aya wiwitannana) Baqo (teu aya akhirna) jeung sajabana lian ti eta.
    Saupama ditilik tina lebah Istigna jeung Iftiqor, sifat Salbiyyah teh kalebet kana sifat Istigna sabab sifat Salabiyyah mah teu aya kakaitannana jeung kaayaan makhluk, tapi mangrupakeun totonden kana kamapuhan sarta kaagungan Allah samata, kajaba sifat Wahdaniyyat Fil Af’al anu mangrupakeun sifat anu aya kakaitannana jeung makhluk, nepikeun makhluk mah salawasna mibutuh kana eta sifat.
    Saupama ditilik tina lebah kagumantungannan (konsideran) jeung sifat Kamal, Jamal, Jalal jeung Qohar, sifat Salabiyyah kalebet kana sifat Kamal, nyaeta sifat anu nuduhkeun kana kasampurnaan Allah, nu mana pikeun nuduhkeun yen Allah teh aya ngan cukup ku eta sifat, kajaba sifat Wahdaniyyat Fil Af’al anu kalebet kana sifat Qohar nu ngandung harti mung Allah hungkul anu ngersakeun pikeun ngayugakeun atawa ngateuayakeun makhlukna.
    Bilangan sifat Salabiyyah dina pokona mah teu tiasa dietang, mung para ulama Ushuluddin tos sapuk yen pikeun ngama’rifatkeun sifat Salabiyyah teh mung cukup ku lima sifat nyaeta Qidam, Baqo, Mukholafatul Lil Hawaditsi, Qiyamuhu Binafsihi sareng Wahdaniyyat.
    Ku alatan sifat Salabiyyah mah nyaeta sifat anu nyabut Maqulat (sifat anu lazim aya di makhluk), mangka pikeun leuwih ngajentrekeun kana sifat Salabiyyah, urang perogi uninga heula kana naon anu disebut Maqulat.
    Maqulat jumblahna aya sapuluh anu kabagi kana dua bagian nyaeta Maqulat Jauhar jeung Maqulat ‘Arodl.

    a. Maqulat Jauhar
    Nu disebut Maqulat Jauhar nyaeta, materi kecap anu nuduhkeun kana ayana Jauhar (jirim), nu wujudna mibutuh rohangan anu pas tapi teu mibutuh nu lain pikeun nyicingan eta rohangan, sok sanajan Lazim Ittishol (nu pasti napel kana Jauhar anu lain) saperti barang padet jeung barang anu encer.

    b. Maqulat ‘Arodl
    Anu disebut Maqulat ‘Arodl nyaeta, materi kecap anu eusina nuduhkeun kana perkara anu teu bisa netep kajaba ngan kana Jauhar, saperti kecap-kecap Beureum, Koneng, Bodas, Hideung, buleud, pasagi, diuk, nangtung jeung sajabana ti eta.

    Maqulat ‘Arodl ieu teh kabagi deui kana tilu bagian, nyaeta :

    o ‘Arodl Kam
    o ‘Arodl Kaifa
    o ‘Arodl Nisbi




    ‘Arodl Kam, nyaeta materi kecap anu nuduhkeun kana wilangan, saperti hiji, dua, tilu jeung saterusna. Ari ‘Arodl Kam teh kabagi kana dua bagian nyaeta :

    1. ‘Arodl Kam Muttashil
    Nyaeta wilangan anu jejeg (tanpa pecahan)
    2. ‘Arodl Kam Munfashil
    Nyaeta wilangan pecahan atawa bagian tina ‘Arodl Kam Muttashil, saperti ¼, ½.

    ‘Arodl Kaifa kabagi kana tilu bagian, nyaeta :

    1. Kaifa Kammiyyat
    2. Kaifa Jasmaniyyat
    3. Kaifa Qolbiyyat

    ‘Arodl Kaifa Kammiyyat nyaeta, materi kecap anu nuduhkeun sifat salah sahiji perkara anu dicandat tina lelebah wilangan saperti kecap mahal, murah, loba, saeutik jeung sajabana.
    ‘Arodl Kaifa Jasmaniyyat nyaeta, materi kecap anu nuduhkeun sifat luar atawa jasmani saperti kecap gede, leutik, geulis, kasep jeung sajabana.
    ‘Arodl Kaifa Qolbiyyat/Malakat nyaeta, materi kecap anu nuduhkeun kana sifat batin manusa saperti, pinter, bodo, susah, senang, sieun, wani jeung sajabana.

    ‘Arodl Nisbi kabagi kana tujuh bagian, nyaeta :

    1. ‘Arodl Nisbi Aina (babandingan), nyaeta materi kecap anu eusina nuduhkeun kana tempat anu bisa ditannyakeun kalawan make kecap pananya Dimana...?, saperti di Masigit, di jalan, di Bandung jeung sajabana.
    2. ‘Arodl Nisbi Mata, nyaeta materi kecap anu nuduhkeun kana kaayaan zaman atawa waktu anu bisa ditanyakeun kalawan make kalimah pananya Iraha...?, saperti ayeuna, isuk, tadi, pageto, beurang, peuting jeung sajabana.
    3. ‘Arodl Nisbi Idlofi, nyaeta materi kecap anu nuduhkeun kana perkara anu nyoko kana perkara anu lain, saperti kecap Bapa nyoko kana ayana Anak, kecap Caroge nyoko kana ayana Istri jeung sajabana.
    4. ‘Arodl Nisbi Wadlo, nyaeta materi kecap anu nuduhkeun kana lampah tina gabungan anggahota badan saperti kecap nagunjar, nangkuban, ngagandeuang jeung sajabana.
    5. ‘Arodl Nisbi Mikli, nyaeta materi kecap anu nuduhkeun kana kaboga anu ngangliputi anggahota badan saperti nganggo raksukan, nganggo sapatu, nganggo dasi jeung sajabana.
    6. ‘Arodl Nisbi Fi’li, nyaeta materi kecap anu nuduhkeun kana pagawean anu katingali hasilna saperti ngarihan, ngasakan, neunggeul, najong jeung sajabana.
    7. ‘Arodl Nisbi Infi’al, nyaeta materi kecap anu nuduhkeun kana hasi gawe anu lain saperti diteunggeul, dibacok, katuang, kasiku jeung sajabana.







































    Bagian I

    Sifat Qidam

    Harti Qidam

    Ari hartina Qidam ceuk harfiah nyaeta Tiheula, sedengkeun ceuk ma’na kabagi kana tilu bagian :
    a) Qidam Idlofi, nyaeta tiheulana hiji perkara nyoko kana perkara anu lain, saperti Bapa teh qidam lamun dibandingkeun jeung anak, tapi Bapa geus teu qidam deui saupama dibandingkeun jeung Aki.
    b) Qidam Zamani, nyaeta tiheulana hiji perkara teh memang gus lila zamanna, tapi dipiheulaan ku teu aya saperti ayana jagat raya.
    c) Qidam Dzati, nyaeta tiheulana hiji perkara teu diawalan ku teu aya, teu nyoko kana ayana nu lain sarta teu kakurung ku zaman, nyaeta Qidamna Allah.

    Qidamna Allah teu kakurung ku zaman, sabab para Ulama Ushuluddin nandeskeun yen ari nu disebut zaman teh nyaeta :
        
    Marengannana perkara nu anyar, anu masih keneh can jadi kana perkara anu anyar nu geus jadi, pikeun ngilangkeun kaabstrakan nu aya.

    Dumasar kana ta’rif zaman diluhur, estu jentre yen Allah teu kakurung ku zaman, Allah nyaeta dzat anu Qodim, Maha Tunggal. Allah Wahdahu Laa Syarikalah, teu aya nu nyarengan Mantenna.
    Ku hal sakitu, mangka kacabut ti Allah Maqulat Mata (materi kecap anu nuduhkeun kana zaman), saperti ayeuna, kamari, baheula, siang, wengi, bulan, taun jeung sajabana. Mangka teu syah aya patarosan “Ti iraha Allah ayana?”, “Dugi ka iraha Allah jumeneng?” jeung sajabana ti eta.

    Kecap Qodim jeung Azali

    Aya dua ucapan anu aya patula patalina sareng Qidam, nyaeta Qodim jeung Azali, nu mana harti jeung hubungannana jeung kecap Qidam teh para Ulama ngagaduhan pamandang nyaeta :
     Ucapan Qodim digunakeun Pikeun perkara anu geus aya dimana ayana eta perkara teh taya wiwitannana sarta teu kakurung ku zaman, mangka anu diwengku ku Qodim teh nyaeta sifat Allah sarta sifat Ma’ani di Allah. Ucapan Azali mah digunakeun pikeun perkara anu taya wiwitannana wungkul, mangka nu diwengku ku Azali mah nyaeta dzat Allah sarta sadaya sifatna Allah.
     Ucapan Qodim ngan digunakeun pikeun perkara anu taya wiwitannana sarta hanteu mibutuh kana perkara anu lain, mangka ucapan Qodim ngan dijutukeun pikeun dzat Allah sarta hanteu kana sifatNa sabab ari nu ngaran sifat eta pasti mibutuh dzat. Ucapan Azali pikeun anu taya wiwitannana, boh ngadegna ku nyalirana atanapi nyoko kanu lian, mangka ucapan Azali ditujukeun pikeun dzat Allah sarta sadaya sifatNa.
     Ucapan Qodim sareng Azali, sasarannana pada sami nyaeta ditujukeun pikeun perkara anu taya wiwitannana, mangka sadaya sifat Allah tiasa disebat Qodim atanapi Azali.


    ﻋﻨﺪﺍﻟﻤﻨﻄﻖ ﺍﺯﱃ ﻗﺪﻳﻢ ﺍﻻﻗﻮﺍﻝ
    ﻋﻤﻮﻢﺧﺼﺺ
    ﻣﻦﺍﻃﻼﻕ Keuna kana ﻣﺎﻻﺍﻭّﻝﻟﻪ Keuna kana ﻣﻮﺟﻮﺩ ﺍﻻﻭّﻝ
    ﺫﺍﺕﺍﷲ,ﺳﻠﺒﻴّﻪ,ﻣﻌﺎﻥ,ﻣﻌﻨﻮﻳّﻪ ﺻﻔﺔ ﻣﻌﺎﻥ + ﺫﺍﺕﺍﷲ
    ﻋﻤﻮﻢﺧﺼﺺ
    ﻣﻦﺍﻃﻼﻕ ﻣﺎﻻﺍﻭّﻝﻟﻪﻗﺎﺋﻢﺑﺎﻟﻨّﻔﺲ Keuna kana ﻗﺎﺋﻢﺑﺎﻟﻨّﻔﺲ ﺍﻟﺜّﺎﱏ
    ﻭﻏﲑﻗﺎﺋﻢﺑﺎﻟﻨّﻔﺲ
    ﺫﺍﺕﺍﷲ,ﺳﻠﺒﻴّﻪ,ﻣﻌﺎﻥ,ﻣﻌﻨﻮﻳّﻪ ﺫﺍﺕﺍﷲ
    ﺗﺮﺍﺩﻑ Keuna kana ﻣﺎﻻﺍﻭّﻝﻟﻪ Keuna kana ﻣﺎﻻﺍﻭّﻝﻟﻪ ﺍﻟﺜّﺎﻟﺚ
    ﺫﺍﺕﺍﷲ,ﺳﻠﺒﻴّﻪ,ﻣﻌﺎﻥ,ﻣﻌﻨﻮﻳّﻪ ﺫﺍﺕﺍﷲ,ﺳﻠﺒﻴّﻪ,ﻣﻌﺎﻥ,ﻣﻌﻨﻮﻳّﻪ







    ﺻﻔﺔ ﺫﺍﺕ ﺍﻟﺼّﺮﺓﺍﳌﺴّﻤّﯽﺑﺎﻟﻘﺪﻳﻢ
    ﻭﺍﻻﺯﱃﻋﻨﺪﺟﻮﻫﺮﺍﻟﺘّﻮﺣﻴﺪ
    ﺹ٣٣
    ﻣﻌﻨﻮﻳّﻪ ﻣﻌﺎﻥ ﺳﻠﺒﻴّﻪ ﻧﻔﺴﻴّﻪ ﻣﻮﺟﻮﺩ
    ﻣﻮﺟﻮﺩﻏﲑﻗﺎﺋﻢ ﻣﻮﺟﻮﺩﻏﲑﻗﺎﺋﻢ ﻣﻮﺟﻮﺩﻏﲑﻗﺎﺋﻢ ﻣﻮﺟﻮﺩﻏﲑﻗﺎﺋﻢ ﻗﺎﺋﻢﺑﺎﻟﻨّﻔﺲ
    - + - - + ﻗﺪﻳﻢ ١
    + + + + + ﺍﺯﱃ
    - - - - + ﻗﺪﻳﻢ ٢
    + + + + + ﺍﺯﱃ
    + + + + + ﻗﺪﻳﻢ ٣
    + + + + + ﺍﺯﱃ

    Dalil ‘Aqli sifat Qidam

    Dalil ‘Aqli (logika) nu nuduhkeun kana Qidamna Allah nyaeta, saupama Allah teu Qidam, pasti ayana Allah dipiheulaan ku teu aya, sedengkeun kajadian tina teu aya kana aya eta meryogikeun ka anu ngayakeun, saupama anu nyiptakeun Allah teh nyaeta Allah nu kadua, tanwande Allah nu kadua oge teu Qidam, sabab ayana tangtu merlukeun ayana nu nyiptakeun sakumaha Allah nu kahiji. Saupama dikira-kira yen anu nyiptakeun Allah kadua teh nyaeta Allah nu kahiji, pinasti bakal kaluar masalah nu disebut Daor, nyaeta mibutuhna perkara anu kahiji kana perkara anu kadua sedengkeun perkara anu kadua oge mibutuh kana perkara anu kahiji. Hal sarupa kieu disebut Mustahilul Wujud (teu mumkin ayana). Saupama dikira-kira yen anu Allah nu kahiji teh nu nyiptakeun Allah nu kadua, lajeng Allah nu kadua teh anu nyiptakeun Allah nu katilu, Allah nu katilu nyaeta anu nyiptakeun Allah nu kaopat sarta saterusna nepikeun ka teu aya tungtungna, mangka bakal kaluar kajadian disebut nyaeta Tasalsul, nyaeta runtuyan kajadian anu taya watesna. Hal samodel kieu oge disebut Mustahilul Wujud sakumaha Daor. Alatan Daor jeung Tasalsul teh mustahil, mangka tetep yen Allah eta Qidam.
    Dawuhan Allah nguatkeun dalil aqli nu kasebut kaunggel dina surat Al-Anbiya ayat 22 :
           
    Saupama di langit katut di bumi aya deui Pangeran salain ti Allah (nu Maha Tunggal), pinasti bakal ancur eta bumi jeung bumi.

    Ayeuna langit katut bumi tiasa kasaksi ayana, ieu hal teh mangrupakeun totonden alus anu ngaleungitkeun kana ayana deui Pangeran anging Allah.

    Dalil Naqli sifat Qidam

    Dawuhan Allah dina sura Al-Hadid ayat 3 :
     • 
    Mantenna Allah anu Awwal (ayana samemeh nu lain sarta teu dipiheulaan ku teu aya).

    Anu dimaksud Dlid jeung Naqid

    Ngayakinkeun kana sifat Qidam Allah teh tacan cukup pikeun ngasahkeun salah saurang jalma disebut Mu’min, samemeh ngayakinkeun kana mustahilna Allah teu Qidam sarta kudu diyakinkeun kalawan saenyana yen ieu alam raya teh mangrupakeun barang anyar lalawanan tina Qidamna Allah. Istilah lalawanan dina bahasa arab bisa disebut ku dua kecap nyaeta Dlid jeung Naqid, anu ngandung harti sarua nyaeta lalawanan, tapi beda dina ma’nana.
    1. Dlid ma’na nyaeta, dua materi kecap anu lalawanan nu teu bisa gulung dina hiji titik, sarta duanana bisa ilang. Saperti hideung jeung bodas, duanana teu bisa gulung dina hiji titik, tapi duanana bisa ilang alatan diganti ku kelir nu lain, atawa saperti panjang jeung pokdok anu aya tengahna.
    2. Naqid ma’nana nyaeta, dua materi kecap anu lalawanan nu teu bisa gulung dina hiji titik, sarta duanana teu bisa ilang tina hiji titik (kudu aya salah sahijina). Saperti berang sareng peuting, teu bisa disebut nya beurang nya peuting. Mun teu beurang pasti peuting sarta mun teu peuting pasti beurang, taya nu lain deui salaku gantina, meuting henteu beurang oge henteu.


    Bagian II

    Sifat Baqo

    Harti Baqo nyaeta langgeng atawa abadi, Ma’anina numutkeun ilmu Ushuluddin ngagaduhan tilu ma’na, nyaeta :
    1. Baqo Nisbi, langgengna atawa abadina dibandingkeun kana perkara anu lain, saperti beusi leuwih langgeng mun dibandingkeun kana kai, tapi saupama dibandingkeun kana waja, beusi teh teu leuwih langgeng deui.
    2. Baqo Zamani, langgengna teu aya watesan, tapi aya wiwitannana sarta kakurung ku zaman, saperti langgengna Kafirin dina Naraka sarta Mu’minin di Sawarga, nu kasebut Kholidin atawa Abadal-abidin. Sanajan kitu kalanggengannana teu ngaleuwihan Tahta Masyiatillah (disahandapeun kersana Allah).
    3. Baqo Haqiqi, langgengna hiji perkara nu teu aya awal, teu aya akhir, teu kakurung ku zaman sarta teu nyoko kana perkara anu lain, nyaeta langgeng tur abadina Allah sarta sifat-sifatNa.

    Benten antawis Baqo Haqiqi sareng Baqo Zamani tiasa merhatoskeun dawuhan Allah dina surat Ar-Rohman ayat 27 :
         
    Jeung tetep langgeng dzat Pangeran anjeun (Allah) nu ngagaduhan kaagungan sarta kamulyaan.

    Perhatoskeun oge surat Al-Mu’minun ayat 11 :
      •   
    ......sadaya Mu’min dina Sawargana langgeng abadi.

    Materi kecap anu diangge dina surat Ar-rohman pikeun Allah nyaeta kecap Yabqo, sedengkeun dina surat Al-Mu’minun pikeun Mu’minin nganggo kecap Kholidun. Harti kadeu kecap eta sarua nyaeta “langgeng abadi”, ngan kalanggengan pikeun Allah mah Wajibul Wujud, sedengkeun kalanggengan pikeun Mu’minin di Sawarga mah Mumkinul Wujud, sabab aya jeung langgengna teh estu diciptakeun ku Allah.



    Pamandang Hukum Syara’ kana Sifat Baqo

    Hukum Syara’ marentahkeun ka sadaya Mukallaf pikeun :
    1. Nga’itikadkeun kalawan dibarengan ku ma’rifat kana Baqona Allah.
    2. Ngama’rifatkeun mustahilna sakabeh makhluk tina ngabogaan sifat Baqo Haqiqi, sakumaha dawuhan Allah dina surat Al-Qoshosh ayat 88 :
         
    Tiap-tiap perkara pasti binasa, kajaba Allah.

    Ieu ayat nuduhkeun yen dina umumna satiap makhluk bakal ancur lebur, ngan dina leresan dieu ditakshis deui ku Hadist Rasulullah, aya dalapan perkara nu moal ancur, nyaeta :

    o Qolam
    o Lauhil Mahfudz
    o ‘Arasy
    o Qursy o Sawarga
    o Naraka
    o Ruhani
    o Pangkal (Bakal Manusa)
    Pikeun jalma anu ngama’rifatkeun Mustahilna Allah teu Baqo baris diganjar ku Sawarga sarta dipeunteun sah kaimanannana (Mu’min Salim). Pikeun anu teu ngama’rifatkeun Mustahilna Allah teu Baqo baris diganjar ku Naraka sarta dipeunteun jamla kafir.

    Baqo disebut Salabiyyah

    Sifat Baqo kalebetkeun kana sifat Sabiyyah alatan sifat Baqo mangrupa sifat kalawan ka teu ayana, teu aya akhir jeung teu kakurung ku zaman, ku hal sakitu mangka kacabut ti Allah Maqulat Nisbi jeung Maqulat Mata.

    Nisbat antara Qidam jeung Baqo

    Nisbat (hubungan) anta Qidam jeung Baqo kabagi kana opat bagian :
    1. Wajib Qidam jeung wajib Baqo, pikeun Dzat Allah
    2. Wajib Baqo teu wajib Qidam, pikeun dalapan perkara diluhur
    3. Hanteu Baqo sarta teu Qidam, pikeun sakabeh makhluk kajaba dalapan perkara diluhur
    4. Qidam tapi teu Baqo, pikeun makhluk nu aya dina kaayaan Ma’dum (samemeh diciptakeun), teu aya wiwitannana tapi aya akhirna ku magrupa ngajadina wujud eta makhluk.

    Dalil Aqli Sifat Baqo

    Saupama Allah hanteu Baqo, pasti bakal ditungtungan ku teu aya, sedengkeun ari nu disebut ditungtungan ku teu aya mah ngandung harti Mumkinul Wujud, sabab ari Mumkinul Wujud mah pasti dipiheulaan heula ku teu aya nepi kana aya, ngan dina ngawujudna atawa dina ngajadikeun supaya aya teh tangtu mibutuh kanu ngayakeun. Jadi saupama Allah henteu Baqo mangka bakal kaluar kajadia Daor jeung Tasalsul sakumaha nu diguar dina sifat Qidam, sedengken anu kasebut Daor jeung Tasalsul teh pamohalan kajadian, ku sabab kitu Allah tangtu wajib Baqo.





















    Bagian III

    Sifat Mukholafatul Lil Hawaditsi

    Harti Mukholafatul Lil Hawaditsi

    Mukholafatul Lil Hawaditsi hartina Allah eta beda jeung sakabeh nu anyar. Mukholafah teh nyaeta bahasa arab anu nuduhkeun kana Lilmusyarokah (rejengan), mangka hartina teh Allah beda jeung makhluk, makhluk oge tangtu beda jeung Allah.
    Titik nu ngabedakeun antara makhluk jeung Allah teh teu bisa ditafsil (diwincik), sabab Allah mah nu ngayugakeun ari makhluk mah nu diyugakeun. Sanajan aya sebutan anu sarupa antawis Allah sareng makhluk saperti Allah awas sareng ngadangu, makhluk oge awas sareng ngadangu, dina leresan dieu awas sareng danguna Allah jeung makhluk tangtu beda pisan sabab awas jeung danguna makhluk mah pinuh ku Maqulat, sedengkeun Allah mah teu katerapan Maqulat.
    Pikeun ngalangsir ayana waham/salah sangka, mangka Ulama Ushuluddin metakeun ayana sapuluh pangbeda antara Allah jeung makhluk :
    1. Allah teu katerapan Maqulat, sabab Allah lain jirim jeung lain Arodl
    2. Allah teu bisa dikira-kira/diumpama-umpama
    3. Allah teu narima Pangbagian
    4. Allah teu manjing ka jirim sarta teu ditempatan ku jirim
    5. Allah sanes Arodl anu netep di Jauhar
    6. Allah teu diangliputi ku jagad raya jeung barang lainna
    7. Allah teu kabeungkeut ku Maqulat ‘Aena anu sapuluh
    8. Allah teu ngangliputi atawa kakurung ku langit katut bumi.
    9. Allah teu kakurung ku zaman
    10. Allah teu mibutuh tempa pikeun netep.
    Kalawan katerangan diluhur, mangka kaluar pitempateun pikeun makhluk anu hawadits, nyaeta cicingna dina tempat anu maujud, anu ayana dipiheulaan ku teu aya, atawa nyicingan tampat anu mumkin anu aya jeung euweuhna teh dipiheulaan oge ku teu aya.
    Barang mumkin kabagi kana tilu bagean, nyaeta :
    o Kaayaan euweuhna hiji perkara samemeh aya
    o Kaayaan ayana hiji perkara sanggeusna euweuh
    o Kaayaan euweuhna hiji perkara sanggeusna aya

    Ku alatan ayana paranti pikeun perkara anu hawadsts sarta nu mumkin, mangka kecap “Mukholafatu Lil Hawaditsi” teh ngandung hati yen Allah pasti beda jeung sakabeh perkara anu anyar disaluareun Allah, sabab ari tujuan Mukholafah teh nyaeta pikeun ngilangkeun ka sarupaan ti Allah jeung pikeun ngayakeun ayana pangbeda pikeun makhlukNa.
    “Mukholaftul Lil Hawaditsi” mangrupakeun model kalimah anu Isbath atawa panetepan sarta lain Salab atawa panyabut, sabab ari anu dimaksud Salbiyyah mah nyaeta “teu aya kasarupaan antara Allah jeung makhluk, sakumaha dawuhan Allah dina surat Asy-Syura ayat 11 :
    ﻟﻴﺲ ﻛﻤﺜﻠﻪﺷﻴﺊﻭﻫﻮﺍﻟﺴﻤﻴﻊﺍﻟﺒﺼﲑ
    Teu aya saperkara oge anu nyaruaan ka Mantenna, jeung mung Mantenna anu Maha Ngadangu tur Maha Uninga.

    “Al- Hawadits” mangrupakeun model kalimah Jama’ nu nuduhkeun kana loba, mangka Allah pasti Mukholafah jeung sakabeh nu loba sok sanajan nepikeun ka bagian anu pangleutikna tina perkara anu hawadits, sabab di dinya aya aksara Alif Lam anu nuduhkeun kana Istighroqil Afroodil Jinsi, nu ngilangkeun sakabeh bagian tina perkara anu hawadis sok sanajan diwincik sakumaha bae oge.
    Ari Hawadits mah dijerona kaancikan sababaraha jenis anu tangtu, nyaeta :
    1. Latif, nyaeta mangrupa jenis anu Aly anu ngabogaan deui sababaraha jenis kahandapna.
    2. Mahsusat, nyaeta nu anu dijerona ngwengku Hayawanat (Sato), Jamadat (barang nu teu usik tapi pepel), Nabatat (tutuwuhan nu teu nyawaan), Mai’at (perkara anu encer nu teu usik sarta teu hirup)
    3. ‘Arodliyat, nyaeta nu dijerona ngawengku Mahsusat, Jauhar (nu bisa katimu ku Panca Indra) jeung Aqliyyat (sifat nu bisa dirasakeun ku Panca Indra, saperti susah, gumbira jeung sajabana).
    Peryogi kauninga, yen dina jenis-jenis hawadits aya nu disebat Nao, nyaeta hiji kecap nu ngawengku kana hiji puseur, tapi dijerona ngandung eusi anu loba, ari intina mah nyaeta disebut Fasal, saperti kecap manusa, ari intina mah hiji nyaeta akal, tapi ari eusina mah maliunan.
    Aya deui nu kasebat Jinis, nyeta hiji perkara anu puseurna beda-beda tapi eusina ragem, ngaran intina disebut Fasal , contona Hayawan anu museur ka jinis loba (sakabeh hewan) sarta manusa oge kagolongkeun kana eta jinis.
    Aya deui anu kasebat jenis Wasat, nyaeta hiji kecap anu ngandung sababaraha jenis, contona Mahsusat nu intina bisa dipanggihan ku panca indra, sarta eusina tina sababaraha jenis Hayawan, Nabatat, Jamadat jeung sajabana.
    Aya deui anu disebat jenis Safil, nyaeta jenis anu panghandapna nu runtuyan teu aya deui.
    Aya deui nu kasebat jenis Aly, nyaeta kecap nu museur kana hiji tapi eusina loba sarta diluhurna taya jenis deui mung ari kahandapna mah aya sababaraha jenis deui, contona kecap Hawadits nu ngandung harti loba saperti Mahsusat jeung Hayawanat.
    Allah Mukholafatul Lil Hawaditsi, taya kasarupaan sareng nu Hawadits ti mimiti perkara anu sifatna Kulli nepi ka anu sifatna Juz’i.

    Jenis ‘Aly
    ‘Arasy Langit Bumi Mahsusat ‘Aqliyyat Latif

    Jenis Wasat
    Hayawan Malaikat Jin Syetan Arwah

    Nao

    Manusa Sato darat sukuan Sato darat teu sukuan


    Pikeun ngararapkeun maksud tina Mukholafatul Lil Hawaditsi, nyaeta ku cara ngaleungitkeun pamikiran yen Allah mibutuh tempat pikeun netep, nu antukna kacabut Maqulat Kaefa , nyaeta ku mangrupa pananya saperti “Naon ?, Saha ? jeung kalimah pananya sarupa lainna. Naon pang sababna Allah teu mibutuh tempat (Makan) ? Sabab saupama Allah mibutuh tempat mangka geus tangtu Allah eta Jirim atawa Jauhar sarta model hawadits lainna nu mana eta perkara teh pasti anyar oge, sedengkeun dina leresan dieu eta hal teh pamohalan pisan.

    Dalil Aqli Sifat Mukholafatul Lil Hawaditsi

    Saupama Dzat nu Qodim teh aya kasarupaan reujeung nu anyar, tangtu geus teu bisa disebut Qodim deui sabab geus jadi perkara anu anyar, sedengkeun hal sarupa kitu teh pamohalan pikeun ngayakinkeun kana ayana Allah teh.

    Dalil Naqli Sifat Mukholafatul Lil Hawaditsi

    Dawuhan Allah dina Surat Asy-Syura ayat 11 :
    ﻟﻴﺲ ﻛﻤﺜﻠﻪﺷﻴﺊﻭﻫﻮﺍﻟﺴﻤﻴﻊﺍﻟﺒﺼﲑ
    Teu aya saperkara oge anu nyaruaan ka Mantenna, jeung mung Mantenna anu Maha Ngadangu tur Maha Uninga.

    Sareng dawuhan Allah dina surat Al-Ikhlas ayat 4 :
       • 
    Sarta taya saurang oge anu mapakan ka Mantenna.


    Bagian IV

    Sifat Qiyamuhu Binafsihi

    Harti Qiyamuhu Binafsihi

    Qiyam hartina Ngadeg, Binafsihi hartina Ku Nylirana. Qiyamuhu Binafsihi hartina nyaeta Ngadeg ku Nyalirana. Namung numutkeun Ulama Tauhid mah teu payus dihartikeun model kitu, sabab mun dihartikeun kitu bakal aya anggapan yen anu tadina teu aya teh ngayakeun dirina sorangan pikeun aya nu mana eta hal teh pamohalan.
    Harti Qiyamuhu Binafsihi didieu teh nyaeta wujudna Allah teh ku Dzatiyyah-Na nu ngandung dua ma’na :
     Wujud Allah teu mibutuh tempat
     Wujud Allah teu mibutuh dzat nu lain pikeun ngayugakeun.
    Dina harti Allah teu mibutuh tempat teh lain ngandung harti yen Allah teh tangtos dumukna, tapi teu mibutuh tempat pikeun dumuk, sabab barang nu mibutuh tempat mah pasti ka kalingkung ku kecap-kecap model ; dihareup, ditukang, dikenca, dikatuhu, diluhur, dihandap, dijero, diluar jeung sajabana ti eta nu kabeungkeut ku Maqulat anu sapuluh.

    Dalil Aqli Sifat Qiyamuhu Binafsihi

    Dalil aqli anu nuduhkeun kana wujud sarta hirupna Allah teu mibutuh tempat tur teu mibutuh dzat nu lian pikeun ngayugakeun teh nyaeta :
    1. Saupama ayana Allah diupamakeun mibutuh ka nu ngayugakeun, pasti ieu hal teh bakal ngabalukarkeun ayana Daor jeung Tasalsul nu pamohalan kajadian pikeun diri Allah mah, mangka tetep yen Allah mah Qiyamuhu Binafsihi.
    2. Saupamana Allah mibutuh tempat, boh nu mangrupa Mahal atanapi Makan, pinasti Allah ge kalebet kana Jauhar atanapi ‘Arodl (barang anyar anu ayana mibutuh ka nu ngayugakeun), nu mana eta hal teh pamohalan pisan pikeun Allah, jadi tetep yen Allah mah Qiyamuhu Binafsihi.

    Dalil Naqli Sifat Qiyamuhu Binafsihi

    Dawuhan Allah dina dina surat Al-Ankabut ayat 6 :
     •    
    Saestuna Allah yaktos Maha Kaya (teu mibutuh kana naon rupa hal ti jagat raya.

    Sareng dawuhan Allah dina surat Al-Baqoroh ayat 255 :
           
    Allah, teu aya deui Pangeran anging Mantena nu hurip (ngadeg ku nyalirana)

    Golongan nu ngilangkeun (Khowarij) Qiyamuhu Binafsihi

    1. Kafir Nashroni, nu ngarobah Injil asli diantarana ngeunaan sifat-sifat Allah. Maranehna ngedalkeun yen Allah teh Tritunggal (Trinitas), rentetan tina tilu jirim/ jauhar diantarana :

     Jalmaan Wujud jadi Allah
     Jalmaan Ilmu jadi putra (Isa)
     Jalmaan Hayat jeung kecap Ruhul Qudus (Jibril)

    Ayat nu nuduhkeun kana kasalahan Kafir Nashroni jeung Khowarij nyaeta kaunggel dina surat Al- Maidah ayat 13 :
       •        •                 
    Tapi alatan maranehna (jalma-jalma Nasroni) nyulayaan jangjina, Kami ngutuk maranehna, sarta Kami jadikeun hate maranehna ngabatu. Maranehna sok resep ngarobah Firman Allah tina tempa-tempatna (Injil Asli) jeung maranehna sok ngahaja sok mopohokeun sabagean tina naon anu geus diingetkeun ku eta katrangan, jeung anjeun (Muhammad) baris ningali kana kakhianatan maranehna kajab ngan saeutik diantara maranehna (anu teu khianat).

    Maranehna mungkir tina katangtuan Qiyamuhu Binafsihi jeung nandeskeun yen Allah teh rentetan tina tilu jirim nyaeta Tuha Isa (Yesus) nu ngajirim.
    Pamadegan kafir Nasroni ieu didakwa ku Allah ka Nabi Isa; “He Isa! naha umat anjeun diparentahkeun pikeun nyembah anjeun? Rikat Isa ngjawab “Ya Allah, Maha Suci Engkau, abdi tacan kantos ngucap sarupa kitu”. Carita ieu dijelaskeun dina Al-Qur’an Surat Al-Maidah ayat 116 anu hartosna :
    “Jeung masing inget nalika Allah ngadawuh “He, Isa putra Maryam! naha anjeung kungsi ngucapkeun ka manusa “Jadikeun kuring jeung indung kuring dua Pangeran salain ti Allah?,Isa ngajawab “Maha Suci Anjeun, taya kapantesan pikeun abd ingecapkeun perkara anu lain haq, saupama abdi kantos ngedalkeun eta kecap, tangtos Ajeun oge uninga, Anjeun Uninga kana naon nu aya di dir abdi, sedengkeun abdi teu uninga kana naon nu aya di Anjeun”. Saestuna Anjeun Maha Uninga kana perkara nu goib”.

    2. Kafir Bathiniyyah, nu ngucapkeun yen Allah teu Qiyamuhu Binafsihi, sabab Allah aya dina wujud manusa, tug dugi maranehna ngilangkeun syare’at Islam, sabab ceuk maranehna komado parentah Allah gumantung kana kahayang manusa eta sorangan sabab Allah ngancik didinya. Parentah Allah nu aya dina Qur’an disalengorkeun kana perkara anu cocog jeung hawa nafsuna, saperti parentah sholat ngan cukup ku niat hungkul, zakat ngandung harti mersihkeun diri tina sifat-sifat kotor.

    3. Kafir Fulasiah, nu nga’itikadkeun yen ieu alam teh Qodim, Allah oge kalebet dijerona, usikna alam mangrupakeun usikna Allah. Aqidah ieu mangrupakeun bibitna kafir Ibahiyah, Dahriyyah, Safathoh/Materialisme jeung Komunisme.

    4. Kafir Mujasimah, nu nga’itikadkeun yen dampal sampean Allah nece di bumi sarta MastakaNa aya di ‘Arasy, anu dedeganna nonoman atawa aki-aki.

    5. Kafir Mujasimah Nuroniyah, nu nga’itikadkeun yen Allah teh pancer langit jeung bumi. Sakumaha dalil anu kaunggel: “Allah nyaeta cahaya langit jeung bumi”. Padahal makna sabenerna “Ku kawasana Allah, bumi jeung langit kapanceran”

    6. Kafir Karomiyyah, anu nga’itikadkeun yen Allah dumuk di ‘Arasy. Golongan ieu disebut Karomiyyah sabab luluguna nyaeta “Ibnu Karom”.

    7. Sabagean tina 22 golongan Syi’ah, sabab aya nu nga’itikadkeun Allah nitis di Sayyidina Ali Karomallohu Wajhah.

    8. Kafir Yahudi, nu nga’itikadkeun yen Allah ngagaduhan putra nyaeta Uzair, ngan Hayat Allah nyalira nu dicepeng ku AnjeunNa, sedengkeun Elmuna sadayana aya di Uzair salaku putrana. Anapon kakawasaanNa diserenkeun ka Malaikat.kamandang ieu dumasar kana gubahan Kitab Taurat Asli, sakumaha parantos dijelaskeun dina Surat At-Taubah ayat 30 :
        
    Jeung urang Yahudi ngucap yen Uzair eta anak Allah

    Saupama aya jalma nu nga’tikadkeun yen Allah eta aya dijihat luhur, tapi nga’itikadkeunna teh kana ma’nawi lain kana hisi, mangka jalma sarupa kitu teu kaasup kafir, ngan disebut Mu’min Jahil Fasiq.
    Jeung saupama aya nu nga’itikadkeun yen Allah teh netep di ‘Arasy, tapi kecap ‘Arasyna teh mangrupakeun Reaslisasi tina kecap “ISTAWA” sakumaha kamandang Ulama Salaf, sarta nga’itikadkeun yen Allah teu mibutuh tempat, hal saupa kieu oge teu kalebet kana kufur, ngan dosa badag sabab Ulama Salaf makemkeun ayat Mutasyabihat dina bahasa Arab lain dina terjemahna saperti kecap “YADUN” tetep “YADUN”, “WAJHUN” tetep “WAJHUN”.

    Dlid Qiyamuhu Binafsihi

    Lawan kecap Qiyamuhu Binafsihi nyaeta Al-Ihtiyaj, anu hartina mibutuh tempat sarta mibutuh anu ngayakeun (Nu Ngayugakeun), ngan nu pasti, dlid ieu teh mustahil pisan ayana di Allah.

    Nisbat antara Qiyamuhu Binafsihi jeung Dlidna

    1. Dzat Allah teu mibutuh kana tempat sarta teu mibutuh kanu ngayakeun.
    2. Sifat Allah mibutuh tempat tapi teu mibutuh kanu ngayakeun.
    3. Dzat Makhluk mibutuh kanu ngayakeun sarata mibutuh tempat sarta cicingna teu pasti atawa pipindahan.
    4. Sifat Makhluk mibutuh tempat pasti sarta mibutuh kanu ngayakeun.

    Bagian V

    Sifat Wahdaniyyat

    Harti Wahdaniyyat

    Harti Wahdaniyyat numutkeun asal bahasa nyaeta “Hiji” tapi ngabogaan bilangan, boh Kam Munfasil atawa Kam Muttashil. Supaya gampil nyebutkeun Wahdaniyyat, mangka urang sebut wae ku kecap “Hiji”.
    Basa hiji di makhuk mo bisa leupas tina Kam Muttashil atawa Kam Munfasil, saperti hijina buku teh mangrupakeun sababaraha entepan kertas (Kam Muttashil), jeung eta buku teh oge mangrupakeun tina sabagen tina sababaraha buku nu geus aya sarta loba. Allah ngadawuh dina Al-Qur’an Surat Al-Maidah ayat 73 :
                               
    “ Saestuna kafir jalma-jalma anu ngucapkeun; saestuna Allah teh salah sahiji tina anu tilu, padahal sakali-kali teu aya deui Pangeran anging Alah nu Maha Tunggal. Saupama maranehna hanteu eureun tina naon anu geus dikedalkeun, pinasti jalma-jalma kafir diantara maranehna bakal ditibanan azab anu kacida.”

    Dina ayat nu kaunggel diluhur, disebutkeun yen Allah teh lain hiji tina anu tilu (Kam Munfasil) atawa lain tina bagian nu pangleutikna nu teu bisa dibagi-bagi deui, sabab Allah Maha Agung. Mangka Allah mah nyaeta dzat nu Maha Tunggal nu teu ngagaduhan wilangan, sarta henteu oge bisa disebut leutik atawa gede tapi nu ngagaduhan Sifat Maha Luhung tur Maha agung.

    Eusi Wahdaniyyat

    Wahdaniyyat ngagaduhan tilu ma’na, nyaeta:
    • Wahdaniyyat Fiidz-Dzat nyaeta hiji dzat-Na.
    • Wahdaniyyat Fish-Shifat nyaeta hiji sifat-Na.
    • Wahdaniyyat Fil-Af’al nyaeta hiji padamelan-Na.

    Wahdaniyyat Fidz-Dzat ngagaduha dua harti, nyaeta :
     Dzat Allah teu dua atawa teu tilu jeung sajabana ti eta, mangka kacabut Kam Munfashil.
     Hijina dzat Allah lain mangrupa gulunggna tina anu rea, mangka kacabut Kam Muttashil.

    Wahdaniyyat Fish-Shifat ngagaduhan dua harti, nyaeta :
     Di saluareun Allah teu aya deui nu ngabogaan sifat kapangeranan, estu ngan Allah sahiji (Uluhiyyah), mangka kacabut Kam Munfashil.
     Tiap-tiap sifat Allah tina hiji jinis eusina ngan hiji. Saperti Qudrat Allah ngan hiji, sabab hijina bisa ngawujudkeun atawa ngaleungitkeun Mumkinat, mangka kacabut Kam Muuttashil.

    Anapon Wahdaniyyat Fil-Af’al ngan ngabogaan hiji harti, nyaeta nyabut Kam Munfashil Fil-Af’al, hartina di saluareun Allah teu aya deui anu mampuh pikeun ngawujudkeun Atsar (hasil) gawe.
    Wahdaniyyat Fil-Af’al Kam Muttashil teu kacabut alatan seueurna pangyuga Allah saseueur nu dikersakeunnana.
    Kasimpulan jumlah Maqulat anu kacabut ku sifat Wahdaniyyat aya lima Kam :
    1. Kam Munfashil Fidz-Dzat
    2. Kam Muttashil Fidz-Dzat
    3. Kam Munfashil Fish-Shifat
    4. Kam Muttashil Fish-Shifat
    5. Kam Munfashil Fil-Af’al

    Ngeunaan Wahdaniyyat Fil-Af’al

    Af’alullah (Padamelan Allah) aya nu Mudlthor aya oge anu Mukhtar, supaya eces baris diguar sakumaha dihandap :
    1. Af’alullah anu Mudlthor nyaeta, padamelan Allah anu langsung tanpa ngaliwatan gawe makhlukNa, saperti ngayugakeunna Allah kana langit, bumi, panon poe, jodo, pati, diyugakeunna panyakit ka hiji jalma tanpa sabab, dikersakeunna salah saurang jalma anu kasabna bebeakan, susah payah tapi tetep fakir jeung sajabana ti eta. Sakumaha dawuhan Allah dina surat Fathir ayat 2:
    •   ••              
      
    Naon bae nu ku Allah anugrahkeun ka manusa mangrupa rahmat, mangka taya saurang oge diantara maranehna sanggup nyarangna sarta naon bae anu ditahan ku Allah, mangka teu saurang oge anu bakal bisa ngaleupaskeun sanggeusna, jeung Allah teh Maha Rosa tur Maha Bijaksana.

    2. Af’alullah anu Mukhtar nyaeta, padamelan Allah nu ngaliwatan hukum adat atawa usaha makhluk, saperti Allah nyiptakeun raheut alatan kakeureutna awak manusa ku pakarang, atawa Allah ngersakeun hiji jalma jadi jegud alatan usahanya eta jalma. Sakumaha dawuha Allah dina surat Al-Baqoroh ayat 286 :
          
    Pikeun Manehna kauntungan tina hasil usahana jeung pikeun manehna karugian tina naon anu geus dipigawena.

    Sareng dawuhan Allah dina surat ar-Ra’d ayat 11 :
              
    Saestuna Allah henteu ngarobah kaayaan hiji kaum nepikeun ka maranehna ngarobah kaayaan anu aya dina diri maranehna sorangan.

    Dina hakekatna boh Af’al Mudlthor atawa Af’al Mukhtar teh tetep mangrupakeun Atsar Allah, sakumaha dawuhannana dina surat At-Taubah ayat 51 :
                  
    Ucapkeun yen sakali-kali hamo aya nu bakal tumiba ka kami, kajaba naon anu geus ditangtukeun ku Allah pikeun anjeun. MantenNa pangriksa kami sareng mung ka Allah jalma-jalma anu iman kudu tawakal.

    Saupama dina ngusahakeun Mukhar teh gagal, mangka geus sakuduna urang nitenan heula ikhtiar urang, naha geus tepi kana tingkat suhud atawa acan? Atawa meureun aya ma’ni anu ngahalangan. Saupama urang ngarasa yen usaha nu dilakonan teh geus suhud tur enya-enya, tapi tetep bae gagal, mangka bisa jadi Mukhtar nu keur diusahakeun teh geus ngajadi Mudlthor, ku alatan kitu urang kudu boga kasadaran, sakumaha dawuhan Allah dina surat Ali-Imran ayat 191 :
            •
    Ya Pangeran Abdi, saestuna henteu kalayan percumah Anjeun nyiptakeun ieu perkara, ku kituna mugi kersa ngariksa kami tina seuneu Naraka.



    Golongan anu nyengcang tina Af’alullah Mukhtar

    Golongan anu nyengcang patekadanana tina Af’al Mukhtar diantarana :
    1. Kafir Fulasiah, nyaeta nu ngaitikadkeun yen sagala perkara nu dipigawe ku makhluk nyaeta mangrupa padamelan Allah, ngan dzat Allah hungkul anu ngahiji sareng alam, nepikeun maranehna nyebut yen alam teh Qodim.
    2. Kafir Najarriyyah, nyaeta nu ngaitikadkeun yen sagala perkara anu dipigawe ku mahkluk eta mangrupakeun padamelan Allah anu mukhtar, ngan saupama saluyu jeung ikhtiar makhluk, mangka disebut pagawean makhluk, saupama hanteu saluyu jeung ikhtiar makhluk eta disebut padamelan Allah.
    3. Kafir Mu’tazilah, nyaeta anu ngaitikadkeun yen sagala kahadean eta mangrupakeun cipataan Allah, tapi lamun sakabeh kagorengan eta pagawean makhluk. Maranehna ngadalil kalaan dawuhan Allah dina surat An-nisa ayat 79 :
    •              
    Naon bae kahadean anu ku kami kahontal nyaeta ti Allah jeung naon bae sagala kagorengan (kasalahan) eta beubeunangan diri anjeun sorangan.

    Padahal numutkeun Ahlus Sunnah, ayat ieu mangrupa ayat kasopanan supaya teu aya perkara-perkara anu teu hade nyoko di Allah, sabab dina dasarna mah nu migawe kahadean nyaeta Allah. Sakumaha dawuhannana dina aya samemehna
         
    Ucapkeun ku anjeun yen sakabeh kajadian (kahadean atawa kagorengan) eta dadamelan Allah.

    4. Kafir Thoba’iyyah, nyaeta nu nga’itikadkeun yen atsar gawe bisa dihasilkeun kalawan make kabiasaan atawa watak hiji makhluk, saperti ayana tutung teh alatan watak seuneu.
    5. Golongan Jabbariyyah (Kafir Zindiq), nu ngaitikadkeun yen makhluk teu ngabogaan daya ikhtiar, sakabeh kajadian mangrupakeun padamelan Allah.
    6. Golongan Qodariyyah, kabagi kana dua golongan :
    - Nu ngaitikadkeun yen makhluk ngabogaan atsar gawe sarta hasil gawena dipuluk alatan gawe bareng jeung Allah.
    - Nu nga’itikadkeun yen makhluk ngabogaan atsar gawe (kamampuhan) ngan kamampuhannana mangrupakeun pamasihan Allah.
    7. Golongan Ahli Bid’ah, nu nga’itikadkeun yen adat ngabogaan kakuatan anu dititipkeun ku Allah, saperti obat ngabogaan kamampuhan pikeun nyageurkeun panyakit alatan kamampuhan anu dititipkeun ku Allah.
    8. Mu’min Jahil (bodo), nyaeta nu ngaitikadkeun yen sakabeh kajadian nyaeta dadamelan Allah, ngan dina Af’alullah Mukhtar anu aya patalian adat wungkul sarta maranehna nyindekkeun yen dina adat mah teu aya kagagalan.

    I’tikad ahlus Sunnah sakumaha diterangkeun diluhur, Allah ngawajibkeun ikhtiar ka sakabeh manusa kalawan saenya-enyana. Tapi saupama henteu sakumaha anu dipiharep, ngadung harti Af’alullah Mukhtar teh jadi Mudlthor sabab patalian adat mumkin gagalna.
    Jeung masing inget yen Aqidah Ahlus Sunnah nyaeta anu kaapit diantara ’itikad-’itikad anu batil, sakumaha tos didawuhkeun ku Allah dina surat An-Nahl ayat 66 :
    •              •   
    Jeung saestuna dina sato piaraan eta bener-bener aya palajaran pikeun anjeun. Kami mere anjeun nginum tina naon anu aya dina jero beuteungna (mangrupa) susu nu beresih antara kokotor jeung getih, nu babari diuyupna pikeun jalma-jalma anu nginumna.



















    KHOWARIQUL LIL ’ADAT

    Khowariqul lil ’adat nyaeta kaluar tina kabiasaan atawa nyalahan katangtuan adat anu disebut oge kajadian anu aheng.
    Khowariqul lil ’adat aya anu kalebet kana Mudlthor, aya oge anu kalebet kana Mukhtar sanggeusna diusahakeun ku ngaliwatan jalan do’a atawa jalan sihir.
    Mun seug ditilik tina lebah Tauhid (Hukum Akal), ayana khowariqul lil ’adat nyaeta mumkinul wujud nu sarua peunteunna sareng adat, teu aya kapunjulannana, teu aya kecap komo deui atawa babakuna sabab Allah Maha Kawasa pikeun midamel naon bae anu dikersakeun ku Mantenna. Dina ngersakeunna teu kajurung ku alatan karunya ka hamba-Na anu dipikanyaah atawa alatan ngewa kanu kafir. Allah teu kateken ku adat oge teu jadi ngarasa enteng alatan kabiasaan adat atawa sabalikna jadi ngarasa beurat alatan teu saluyu jeung adat.
    Ditilik dina Hukum Sya’ra, dina usaha pikeun nyangking khowariqul lil adat, didasarkeun kana tilu perkara nyaeta :
    1. Nu ngalakonan.
    2. Tujuan .
    3. Cara atawa tarekah dina ngusahakeunnana.
    Ngusahakeun supaya nyangking khowariqul lil adat teh halal hukumna salila anu tilu perkara tadi teu kaluar tina tetekon hukum syara. Nu ngusahakeun khowariq dibagi kana genep golongan, diantarana :
    1. Khowariq di calon Nabi disebut Irhash anu hukum ngusahakeunna halal.
    2. Khowariq di Nabi jeung Rosul disebut Mu’jizat anu hukum ngusahakeunna halal.
    3. Khowariq di Waliyullah disebut Karomah anu hukum ngusahakeunna halal.
    4. Khowariq di Mu’min Sholeh disebut Maunah anu hukum ngusahakeunna halal.
    5. Khowariq di Mu’min Fasiq disebut Istidjrad anu hukum ngusahakeunna haram.
    6. Khowariq di Kafir/Musrikin disebut Ihanah anu hukum ngusahakeunna haram.
    Ku sabab di dieu ngabaud Wali, mangka peryogi kauninga ngunaan ta’rif anu disebut Wali. Wali kabagi kana sababaraha makna :
    1. Numutkeun Elmu Fiqh :
           
    Jalma anu sok salawasna tho’at ka Allah sarta taya kajadian dina sakerejep oge migawe laku dosa

    2. Numutkeun Ahli Suluk (Fan Tashawwuf), Wali nyaeta jalma anu ngabogaan iman ’Ilmul Yaqin atawa ’Aina Yaqin.
    3. Numutkeun Ushuluddin (Elmu Tauhid), sakumaha anu diriwayatkeun ku Yusa ti sabagean Imam-imam Ushuluddin,Wali nyaeta jalma anu ngagaduhan opat syarat :
    • Mafhum kana dasar-dasar Elmu Ushuluddin.
    • Mafhum kana Hukum Syara.
    • Salawasna ngalaksanakeun ajaran Hukum Syara.
    • Salawasna Sieun (khouf) ka Allah nepikeun tara poho sanajan sakerejep panon.

    Ta’rif Karomah numutkeun Ushuluddin :
                 
       
    Karomah nyaeta kajadian luar biasa anu ngawatek ti hamba Allah anu tembong kalakuannana maslahat, sok ngagalur kana tapak lacak Nabi, kataklif ku sare’at Nabi, bener ’itikadna saluyu jeung ’itikad Ahlussunnah, sok migawe kahadean, karomahna bisa dikanyahokeun atawa teu dikanyahokeun.

    Saupama kajadiannana hanteu aheng, atawa jalma nu lain mukallaf atawa henteu netep dina manut kana hukum syara sok komo ’itikadna teu saluyu jeung ajaran Ahlussunnah jeung teu resep migawe amal hade mangka eta kajadian teu bisa disebut karomah.

    NGEUNAAN SIHIR

    Elmu Sihir geus ditetepkeun ayana boh dina Qur’an atawa Hadist, jadi wajib pikeun urang percaya kana ayana eta elmu sok sanajan haram dina mibandana komo deui dina ngamalkeunnana. Teu dimeunangkeun boga ’itikad yen elmu sihir ngabogaan atsar gawe tapi ngan pasambungan adat hungkul. Sabab, mun diitikadkeun yen elmu sihir ngabogaan atsat gawe mangka hukumna musyrik, sok sanajan teu ngagunakeun atawa mibanda sabab hukumna haram.
    Diajar, ngajarkeun atawa make elmu sihir hukumna dosa badag jeung mun di’itikadkeun yen eta perkara halal mangka kaasup kana murtad, sabab aya ancaman disatukangeun eta sakumaha disabdakeun ku Rasulullah.
    Anu mimiti ngawanohkeun elmu sihir nyaeta Malaika Harut jeung Marut, sakaol mah nyebutkeun yen Harut jeung Marut teh lain Malaikat ngalainkeun dua Raja Babilonia, sakumaha dawuhan Allah dina surat Al-Baqarah ayat 102 :
    •               ••                     
    Jeung maranehna (ahli sihir) nuturkeun kana naon anu dibaca ku setan-setan dina mangsa karajaan Sulaeman, (jeung maranehna ngucap yen Sulaeman eta ngajarkeun sihir) padahal Sulaeman estu henteu kafir(henteu ngajarkeun sihir). Maranehna ngajarkeun sihir ka manusa jeung naon bae anu geus diturunkeun ka dua Malaikat di Nagri Babilon nyaeta Harut jeung Marut. Sedengkeun duanana teu ngajarkeun hiji perkara ka sahiji jalma saacan ngucapkeun ”Saestuna kami ngan mitnah (nyoba anjeun), ku sabab kitu poma anjeun ulah kafir.....

    Hadist anu nerangkeun ngeunaan ayana sihir nyaeta Hadist anu diriwayatkeun ku Bukhori nu mertelakeun nalika Nabi ka keunaan ku sihir sakumaha kaunggel :
    Nalika kangjeng Rosul teu damang wales, sumping dua Malaikat anu ngabesuk. Nu hiji lunnggu sagedengeun mastaka Kengjeung Rosul sareng nu hiji deui mah caket sampeanna.dua Malaikat ieu saling pataros : ” Naon sababna ieu lalaki gering? ” nu hiji deui ngajawab ”ku sihir”. ”ku naon disihirna?”. ”ku buuk jeung pakakas sejenna anu dihijikeun sarta kabungkus dina boneka anu disarupakeun ka Nabi Muhammad SAW, Terus ditojos eta boneka make sabelas jarum”. ”dimana disimpenna?”. ”eta boneka diasupkeun dina palapah korma disimpen di sumur Darwan”. ”saha anu nyimpenna?”. Ngajawab anu hiji deui ”urang Yahudi ngarana Lubeb Bin Ashom”. Lajeng dua Malikat eta ngilang. Lajeng Kangjeng Rosul ngutus ka Syaidina Ali, Zubair sareng Amar Bin Yasir pikeun ngayakinkeun eta warta. Lajeng kapendak eta boneka nu disarupakeun Kangjeng Rosul dihandapeun batu sagigireun sumur Darwan, anu saterasna tina eta kajadian lungsur surat Al-Falaq pikeun panyinglarna nu ku Kangjeng Rosul diaoskeun kana cai teras dibalurkeun ka sakujur salirana.
    Elmu Sihir teh kabagi kana sapuluh rupa, nyaeta :
    1. Sihir Shimiya, anu perwatekna bijil tina taneuh sarta eusina, saperti watek Batu Sulaiman, watek minyak Jafaron atawa kalimah-kalimah anu dihijijeun jeung eta watek.
    Catetan :
    Saupama watek taneuh teh sifatna biasa, nyaeta anu aya pasambungan jeung adat, mangka teu disebut sihir, saperti taneuh anu cocog pikeun melak tutuwuhan.
    2. Sihir Himiya, nyaeta kajadian anu aheng anu bijil tina kaayaan bentang-bentang atawa sato, anu watekna saupama dipake bisa ngarungkadkeun tatangkalan baradag atawa ngaragragkeun manuk nu keur ngapung.
    3. Sihir Hindy, nyaeta sarupanging jampe-jampe bari nitah jalma loba pikeun nincakan sarupaning bungbuahan nepikeun kaluar sikina anu maksud sangkan jalma anu disihir teh kaluar jajantungna nepikeun ka perlaya saperti kaluarna siki tina bungbuahan anu ditincakan.
    4. Sihir Yamani, nyaeta sihir anu ngagunakeun boneka pikeun ngabalikeun rupa jalma supaya katingalina siga sato. Ieu pagawean saupama korbana nepikeun ka mati disebut Teluh, mun saukur malih rupa hungkul disebut Tenung, lamun paningalina lolong atawa panonna tibalik disebut Pilamuran.
    5. Sihir Tilasmat, nyaeta mangrupa kotretan-kotretan anu teu bisa dipingarti maknana, saperti aksara Dal, Tho, Lam Alif anu tibalik jeung sajabana tapi nimbulkeun khowariq. Numutkeun Imam Ghozali hal sarupa kitu kaasup kana sihir.
    6. Sihir Roqy, nyaeta mangrupa jampe-jampe atawa Jangjawokan anu teu kaharti maknana tapi bisa nimbulkeun khowariq.
    7. Sihir Azimat, nyaeta tulisan atawa kalimah anu dicokot tina ngaran Malaikat atawa Gegeden nu saupama disambat bakal bisa nyubadanan kana pimaksudeunnana.
    8. Sihir Istikhdamat¸ nyaeta sihir kalawan make cara ngagero arwah anu dibarengan ku ngukus menyan bari ngucapkeun kalimah-kalimah nepikeun ka si arwah datang terus ngajawab rupa-rupa pananya si tukang sihir. Sabda Rosulullah dina Hadist Bukhori disebutkeun yen sihir istihdamat eta haram hukumna, sabab anu datang teh saestuna Jin atawa Setan, sok komo nepikeun ka jajaluk ka eta makhluk bari jeung teu nyebut Asma Allah, mangka hukumna Musyrik.
    9. Sihir Wifiq, nyaeta gurat atawa aksara anu dikurung, eusina mangrupa ngaran-ngaran anu alus (Asma Al-Mubarokah) nu saterusna mementa langsung kana eta gambar pikeun ngadatangkeun khowariq. Numutkeun Imam Ghozali saupama apal kana maksudna sarta mentana langsung ka Allah, mangka eta gambar atawa catetan teh kalebet kana Tawasul, mangka hukumna Halal.
    10. Sihir Nasyiroh, nyaeta ngubaran sihir ku jalan sihir deui, hukumna haram sakumaha sabda Rasulullah SAW ”An-Nasrotu Minassyaithon”; Sihir Nasyiroh teh datangna ti Syetan.
    W I F I Q T I L A S M A T
               
               
    •






















    Cara Ngubaran Sihir

    Ku sabab sihir teh mangrupakeun Khowariq Lil ’Adat nu diharamkeun ku hukum syara, sarta teu saeutik jalma anu keuna ku sihir, samalah Kangjeng Rosul nyalira kantos kakeunaan ku sihir. Cara nyinglar sihir diharamkeun ku cara sihir deui tapi kudu ku nu tos dicontokeun ku Rosul, nyaeta ku cara ngaoskeun ayat-ayat Al-Qur’an saperti Al-Falaq jeung An-Naas, maca Sholawat, Dzikir, Do’a, Hizib (kumpulan tina Al-Qur’an, Sholawat, Dzikir, Do’a, Istigfar jeung sajabana) atawa bisa oge ku jalan Tawassul.
    Sakumaha kauninga ku urang sadaya yen patalian sihir teh nyaeta patalian batal atawa anu disebut Istidraj, mangka babari pisan nyinglarkeun eta sihir ku ayat-ayat Al-Qur’an sabab patalianna jeung Haq, sakumaha dawuhan Allah dina surat Al-Isra ayat 81 :
          •   
    ”Jeung ucapkeun yen anu Haq geus datang sarta nu Bathil geus leungit, saestuna anu bathil eta teh salah sahiji anu bakal leungit.

    Bakal langkung payus saupami urang dina nyinglar sihir teh dikawitan heula ku kalimah Thoyyibah jeung dibarengan ku Iman Haqqul Yakin sarta diyakinkeun dina manah yen pikeun Allah ngilangkeun panyakit teh estu gampil kacida lajeng ucapkeun :
     
    Abdi ngado’a pikeun damangna ieu panyawat kalayan ku kersana Allah
    
    Ayeuna seja ngahaturkeun baktos abdi ka Anjeun ya Allah
    
    Abdi ngado’a pikeun damangna ieu panyawat estuning parentah ti Anjeun ya Allah
    
    Abdi ngado’a ngan saukur miharep rido Anjeun ya Allah
       
    Kalayan jenengan Allah, dumasar kana parentah jeung taqdir abdi sumerah diri sarta midamel ieu ubar jeung panyinglar panyakit teh estu teu aya kamampuhan kajaba ku disarengan Dzat anjeun ya Allah.

    Pikeun ngaluarkeun Khowariq Lil ’Adat bisa oge ku jalan Tawassul jeung Tafaul sakumaha nu baris digeuar dina katerangan dihandap.
    Tawassul mangrupa do’a ka Allah ku cara nyebutkeun haq/prioritas jalma sholeh atawa amal hade. Sakumaha kacarios dina kitab Bukhory Juz II kaca 79, Syaidinna Umar bin Khothob kantos nyuhunkeun turun hujan ku cara Tawassul ka Paman Nabi (Abbas bin Abi Tholib)
     
    Ya Allah, abdi tawassul kalayan nyebat jenengan Nabi Anjeun lajeng Anjeun nurunkeun hujan, ayeuna abdi tawassul kalawan nyebat Paman Nabi, mangka turunkeun deui hujan ka kami ya Allah.

    Dina Hadist Al-Ghor nu kamaktub dina kitab Al-Bukhory Juz II kaca 260 kacarios aya tilu urang sahabat anu kakurung dina guha alatan panto guha katutup ku batu. Maranehna ngayakinkeun yen hamo aya nu bisa nyalametkeun maranehna lintang ti Allah nu dibarengan ku cara ngado’a sarta tawassul nu dibarengan ku amal hade maranehna. Saurang-saurang ngado’a ku sarta nyebutkeun amal hadena tug dugi maranehna bisa kaluar tina eta guha kalayan salamet.
    Tawassul anu dipake pikeun jalan kagorengan hukumna haram samalah bisa kaasup kana Musrik saupama dipangerankeun saperti tatapa dihandapeun tangkal kai anu badag, girangeun wahangan, guha-guha anu dianggap karamat sok komo lamun bari jeung nyenyembah patung-patung tur dianggap pangeran nu bisa mere pitulung. Dawuhan Allah dina surat Al-Mu’minun ayat 117 :
        •               
    Jeung sing saha jalma nu nyembah ka Pangeran anu lain salain ti Allah, padahal taya sadalil oge pikeun manehna ngeunaan eta perkara, mangka saestuna balitunganna disisi Allah, saestuna jama kafir teh mo bakal panggih jeung kauntungan.

    Anapon anu dimeunangkeun dipake tawassul nyaeta ; Nabiyullah, Waliyullah, shohabat sarta jalama-jalma mu’min anu dipeunteun soleh dina nalika jumeneng atanapi saparantosna ngantunkeun, ngan poma ulah nepikeun ka mangeran sok komo bari jeung nyadiakeun sasajen, sabab bisa kaasup kana pagawean musyrik.
    Tafaul, dina istilah sunda ”Nurut buat” nyaeta miharep hiji perkara anu sarupa atawa nu miharep hiji perkara ti nu lian supaya ngabogaan kasaruaan dina sifat ti nu ditafaulan tanpa ayana patalian adat saperti ngamandian anu nuju bobot ku cai belut jeung ku dawegan ngarah lancar dina waktu babarna padahal antara cai belut jeung dawegan eta taya patalian adat, atawa mawa janur koneng ka sawah nu parena keur ngoneng ngarah eta pare teh bisa leuwih gancang konengna kalawan rata.
    Pagawean tafaul sakumaha conto diluhur hukumna bid’ah jeung saupama timbul kajadian sakumaha nu dipiharep, mangka kaasup kana sihir sabab kaluar khowariqul lil ’adat tina pagawean anu teu aya nash dina Al-Qur’an atawa Hadist sarta hukumna haram. Lain halna saupama dina prakna eta pagawean teh aya nash tina Al-Qur’an atawa Hadist samalah hukumna jadi sunat, saperti masak daging anu rasana diamisan sarta kuahna loba supaya nu jadi anak ngabogaan budi anu luhung, manis sarta berehan. Atawa mere ngaran budak kalawan ngaran anu hade ngarah laku lampahna hade sabab aya dina nash sarta hukumna sunat, ngan teu meunang dijieun kayakinan sabab dina tafaul teu aya qiyas, sakumaha dina sarat qiyas anu kudu aya Masaliqul ’Illat anu sah pikeun dadasarna hukum syara.

    Kasimpulan Wahdniyyat

    Alatan harti Wahdaniyyat mah nyaeta ngilangkeun wilangan ti Allah, boh wilangan dzat, sifat atawa af’alNa, mangka kalimah Tauhidna dikawitan ku lafad ”La” anu hartina ngilangkeung atawa Nafyi nu saterusna disebut La Nafyi.
    Tos kawentar di kalangan Ulama Nahwu, yen kalimah anu ayana sanggeus lafad ”La” (Isim La), tangtu mangrupakeun Isim Nakiroh, mangka dina ngaoskeunna kudu kalayan fathah sarta khobarna dipiceun.
    Lafad ”La” dina kalimah La Ilaaha Illallahu, disebut La Nafyi Lil-Istighoril Afrodil Jinsi, nu hartina nyeepkeun sakabeh afrod jinisna, saperti kalimah :
    
    Teu aya Pangeran sarta sakabeh jinis nu dipangeranan anging Allah.

    Para Ulama Nahwu tos sapuk yen khobar lafad ”La” eta teh kedah disimpen (Mudlmar), mangka para Ulama Ushuluddin (para Ulama anu nganut Tarekat Nabawiyyah) ngunggelkeun yen khobar nu disimpen teh eusina aya opat sakumaha kaunggel dihandap:
      disingket   atawa disebut oge   
    Teu aya Pangeran anu maujud (anu aya dina sabenerna) anging Allah

    Dina kalimah diluhur bisa cindekkeun yen sagala perkara nu wujudna anyar, nyaeta mangrupakeun hasil pangyuga Allah sarta bukti pawujudanna hanteu leuwih ti opat hal, nyaeta :
    • Tempat anu dicicinganna nyampak (di dieu)
    • Kaayaan, pagawean anu disinghareupan (kieu)
    • Waktu anu marenganna (ayeuna)
    • Pribadi anu migawena (kuring)
    Kaopat hal ieu bisa diikrarkeun ku kecap-kecap sarupa kieu : ”di dieu, kieu, ayeuna, kuring, nyaeta atsar Af’al Allah”, nu mana ieu kecap-kecap teh disurupkeun tug dugi rasa anu kapatri dina ati sarta saupama dina nyurupkeun eta kecap-kecap teh hanteu nepikeun ka karasa, dingaranan Mu’min Ghofil. Saupama nepikeun ka ngarasa ditingali sarta didangu ku Allah dingaranan Muqorrobin nu ngandung harti tingkatan imanna geus nepi ka tingkat iman ’Ilmul Yaqin, bakal leuwih payus saupama bisa nepikeun ka ngarasa yen dirina aya dina taqdir Allah sarta ruhani bisa ngarasakeun geterna taqdir Allah, nu balukarna bisa poho kana kaayaan pribadi jeung salawasna sok inget ka Allah nu geus ngayugakeun.
     nu disingket jadi 
    Teu aya anu haq disembah anging Allah

    Sanaos tos nga’itikadkeun yen teu aya Pangetan anging Allah, tapi teu nunggalkeun ibadahna atawa masih sok nembah ka salain Allah, hukumna angger musrik sabab disagedengeun nga-tauhidkeun wujudna Hiji, oge wajib nga-tauhidkeun Ma’bud-na, dzat Allah nu mangrupakeun hiji-hijina anu kedah disembah.
    Lantaran kaayaan dina tiap-tiap waktu teh sarua jeung mantengkeun Shirothol Mustaqim, mangka dina saban waktu, tempat sarta kajadian nu keur disinghareupan, poma urang ulah nepikeun ka kosong tina babakti ka Allah, sakumaha dawuhan Allah dina surat Adz-Dzariyyat ayat 56 :
         
    Jeung Kami teu nyiptakeun Jin sarta Manusa lintang ti supaya nyembah ka Kami.

    Mangka jalma anu keur babakti (Salikin) ka Allah maranehna ikrar “di saluhureun taqdir ieu, baris disanggakeun baktos abdi ka Anjeun ya Allah”.
     nu disingket jadi 
    Teu aya Pengeran anu Haq dipilari (dita’atan parentah sareng larangan-Na)

    Sabada nga’itikadkeun yen teu aya Pangeran nu Maujud kajaba Allah, teu aya nu haq disembah kajaba Allah, mangka dina nalika urang babakti atawa ibadah ka Allah teh kudu kalawan make tungtunan, katangtuan sarta cara-cara anu sakumaha kawengku dina
    Fan Fiqh (Al-Ahkamusy-syar’iyyah), sabab sakumaha Hadist anu diriwayatkeun ku Aisyah R.A :
                    
    Sing saha nu nyieun hiji tungtunan jeung aturan anyar dina urusan Agama Kami, sarta nu sumberna lain tina Qur’an jeung Hadist, mangka eta tungtunan teh ditolak.

    Sanggeusna urang apal yen nu dipigawe eta teh mangrupa parentah ti Allah sarta ayana disaluhureun takdir Allah nu ngebatkeun Sirotol Mustaqim, mangka samemeh der urang migawe eta pagawean teh kudu dibarengan ku ikrar ”dipidamel ieu parentah ku abdi estu karana parentah ti Allah”.
    Hal sarupa kieu disebut niat, ’itikad pikeun nangtukeun naha kasab/pagawean urang teh kaasup ibadah? Atawa ngan saukur lulucon? Sabab sah jeung henteuna hiji pagawean/ibadah teh gumantung kana niatna, sakumah Hadist Mutafaqun ’alaih nu diriwayatkeun ku Umar R. A :

    
    Saestuna sahna amal (pagawean nu hade atawa goreng) gumantung kana niatna.

    Tapi saupama jalan anu baris disorang teh gebat kalawan loba, mangka samemehna nu rek dipigawe teh kudu ditarjih heula, naha Muqoyyad (samporet waktuna) atawa Muwassa’ (loba waktuna)? Naha urusan pribadi atawa urusan umum? maka nu kudu pangheulana dipigawe teh nyaeta anu samporet waktuna atawa muqoyyad tea sabab eta pagawean teh teu bisa dipigawe ku nu lian. Kanggko jentrena tiasa ditingal dina Kitab Jam’ul Jawami Juz II kaca 361 ngeunaan masalah Tarjih.

      disingket janten 
    Teu aya Pangeran (nu dipiharep ridho-Na) anging Allah

    Teu aya tujuan anu paling luhung dina perkara ngabakti ka Allah anging pikeun miharep rido-Na (Mardhotillah). Sabab can tangtu sakabeh jalma dina migawe parentah Allah eta bakal meunang karidoan-Na sakumaha nu dimaksud alatan loba pisan jalma-jalma anu make jalan Allah tapi tujuanna lain pikeun ngajugjug Allah, saperti jalma nu neangan elmu agama tapi maksudna pikeun nambahan pangalaman atawa kabisa hungkul,tapi sangkan ku eta elmu manehna bisa ngahasilkeun duit, meunangkeun awewe nu geulis atawa pikeun nambahan wibawa jeung komara jeung sajabana ti eta. Dawuhan Allah :
    ”sing saha jalma nu miharep kauntungan pikeun di akherat, ku Kami bakal ditambah kauntungannana tapi, sing saha jalmaanu miharep kauntungan di dunya, maka ku Kami bakal dibikeun ka manehna sabagian tina kauntungan dunya sedengkeun di akherat pikeun manehna taya kauntungan saeutik oge”

    Ku hal sakitu, sangkan Qobulul Amal (ditarimana amal) ku Allah, mangka urang dina waktu migawena kudu diikrarkeun leuwih tiheula dina jero kalbu ”Ngahaja kuring ngalakukeun ieu padamelan estuning miharep karidoan Allah”.

    Anapon sabada rengse hiji pagawean dilakonan, poma ulah dijadikeun tujuan anu utama tapi sing bisa dijadikeun ciri yen rengsena eta pagawean teh mangrupakeun tanda rengsena urang migawe parentah ti Allah, saperti anggeusna solat teh ku aweh salam, sedengkeun salam teh lain tujuan utama tina solat tapi magrupakeun ciri rengsena solat, kitu oge dina hal pakasaban, hasil atawa kauntungan nu dipuluk teh lain mangrupakeun tujuan anu tangtu tapi tanda rengsena hiji pakasaban sabab ari tujuan utamana mah nyaeta pikeun ibadah sarta pikeun ngahontal karidoan Allah.
    Opat kecap/kalimah Toyyibah ieu tiasa kagambar sakumaha dihandap:
      , ngawangun jalma sangkan jadi Mu’min
     , ngawangun Mu’min Muwahhid (nu ngabogaan Tauhid)
     , ngawangun Muslim jeung Muttaqin
     , ngawangun jalma sangkan Mukhlashin Fil Af’al (ikhlas dina amal-amalan).

    Jalma anu geus ngajadikeun kalimah toyyibah ngaranjing dina dirina disebut ”Syakhsyiyyah Thoyyibah”, mun dina hiji kampung wargana bisa ngamalkeun kalimah toyyibah ieu disebut ”Qoryah Thoyyibah”, lamun sanagara geus bisa ngamalkeun kalimah toyyibah ieu disebut ”Baldah Thoyyibah”.
    Jaminan pikeun jalma anu bisa ngadawamkeun sarta nyurupkeun kalimah toyyibah nyaeta :
    1. Kahirupanna di dunya salawasna bakal pinuh ku kaberkahan, sakumaha dawuhan Allah dina surat Ibrahim ayat 24-25 :
                      •        ••   
    ”Naha anjeun teu merhatikeun kumaha Allah geus nyieun paumpamaan kalimah nu hade (Kalimah Tauhid) saperti tangkal nu alus, akarna kuat sarta dahanna (jucung) ka langit. Eta tangkalngahasilkeun bungbuahan dina usumna kalawan saijin Pangeran-Na. Ngahaja Allah nyieun eta paupamaan teh sangkan manusa bisa tetep eling”.

    2. Amal baktina baris ditampi ku Allah sarta aya dina panghampura-Na.
    3. Salawasna Allah baris ngariksa sarta nyukupan sagala pemeredihna sakumaha dawuhan Allah nu kaunggel dina Hadist Qudsi :
    ”Jeung teu eureun-eureun hiji hamba Kami ngadeukeutkeun dirina ka Kami kalayan (migawe) sababaraha amal sunat, tug dugi ka Kami miasih ka eta jalma ,nu saterusna dimana Kami geus ngayugakeun, maka Kami jadi ceuli nu dipake pangdengena jeung jadi mata nu jadipaningalina, mangrupakeun suku nu dipake ngalengkahna, mangrupakeun leungeun pikeun cekelannana sarta naon bae anu diseja Kami pasti ngaestokeun tur saupama manehna menta pangriksa tangtu Kami bakal ngariksa eta jalma”.

    Cara ngagunakeun kalimah Toyyibah

    Samemeh metakeun hiji pagawean, leuwih tiheula urang kudu nutup mata hate urang, tong dipake pikeun ngalayanan hasil paningali, hasil pangdangu, atawa ngabayangkeun rupa-rupa makhluk. Salira diajegkeun, lambey ditutup sarta sakabeh anggahota badan dicicingkeun (Khusyu) nu saterasna gerenteskeun dina hate leutik, dirasakeun dina jiwa sarta dibantu ku lisan pikeun ngucapkeun :
     
    ”didieu kieu abdi ayeuna mangrupa hasil padamelan Allah”
    
    ”disaluhureun takdir ieu, abdi ngabakti ka Allah”
    
    ”abdi pidamel ieu padamelan karana parentah Allah”
    
    ”teu aya ni harep ku abdi anging rido Allah”

    Saterusna lengkahkeun sampean anu palih katuhu bari ngaos :
       
    Kalayan asmana Allah abdi ngawitan midamel ieu padamelan, ka anjeun-Na abdi sumerah diri sarta teu aya daya pikeun babakti, oge teu aya kakuatan pikeun ngajauhan tina ma’siat lintang ku pitulung Allah”

    Bakal langkung sae saupama dipungkas ku istigfar sangkan kajaga tina dosa sabat keur migawe amal.











    Pasal 4
    Sifat Ma’ani


    Sifat Ma’ani nyaeta sifat nu aya dina dzat Allah, teu aya wiwitan sarta teu aya wekasan. Dina kecap AYA, bakal kaluar sifat Salabiyyah, sifat Ma’nawiyyah jeung sifat Nafsiyyah. Pon kitu deui kalayan kecap teu aya wiwitan sareng wekasan mangka kaluar sifat nu anyar nyaeta mangrupa 7 sifat Ma’ani diantawisna :
    1. Sifat Qudrat, hartina Kawasa
    2. Sifat Iradat, hartina Keresa
    3. Sifat Ilmu, hartina Uninga
    4. Sifat Hayat, hartina Hirup
    5. Sifat Sama’, hartina Ngadangu
    6. Sifat Bashor, hartina Ningali/Awas
    7. Sifat Kalam, hartina Ngandika.



    Bagian I

    Qudrat

    Sifat Qudrat nyaeta sifat nu wajib aqli ayana dina dzat Allah, ayana teu kalawan wiwitan sareng teu aya wekasan. Sareng kalayan Qudrat Allah (kakawasaan Allah), mangka kaluar kakawasaan makhluk ngan bedana kakawasaan Allah mah Anjeuna nyalira nu nyiptakeun sedengkeun kakawasaan makhluk mah ku Allah diciptakeunna. Kakawasaan Allah ngagaduhan Atsar gawe (kamampuhan) denengkeun makhluk mah henteu tapi mangrupakeun patalian hungkul nu mana eta patalian teh oge ku Allah diciptakeunna. Cindekna ari kakawasaan allah Bisa jeung Kawasa sedengkeun makhluk mah aya nu Kawasa tapi teu Bisa oge sabalikna.
    Wajib aqli Allah ngagaduhan sifat Qudrat, ngandung harti akal ghorizi bisa narima yen Allah ngagaduhan sifat Qudrat, malahan sabalikna akal ghorizi teu bisa narima saupama Allah teu ngagaduhan sifat Qudrat.
    Wajib aqli Allah ngagaduhan sifat Qudrat teh teu ngandung harti yen sifat Qudrat Allah teh dipanggihanna saprak akal geus aya, tapi samemeh makhluk diyugakeun oge Allah mah parantos Qudrat (kawasa).
    Kakawasaan Allah teu dikawitan ku lemah, teu sawaktu-waktu, teu aya awal jeung teu aya ahir, tapi langgeng teu karogahala ku ancur sok sanajan sakabeh mahluk ancur lebur.
    Wajib urang nga’itikadkeun ayana Qudrat di Allah sabab, pamohalan pisan lamun aya dua kakawasaan, ku hal sakitu mangka wajib oge urang nga’itikadkeun lemahna eta sifat ngancik di sakabeh makhluk. Dina leresan dieu mangka batal patekadan Qodariyyah, nu nga’itikadkeun yen sakabeh makhluk ngabogaan kakawasaan pikeun ngarobah dadamelan (kakawasaan Allah) saperti ucapanna ”ku alatan ayana teknologi nu maju tur canggih, maka takdir Allah (kakawasaan Allah) bisa dirobah” . ku ucapan sarupa kitu bisa dihartikeun yen kakawasaan Allah kaelehkeun ku kahayang manusa saolah-olah kapinteran makhluk ngabogaan atsar gawe. Ngan wangun Qobdlo Mubarrom (papasten nu teu bisa dirobah) hungkul nu bisa jadi wangun Qobdlo Mu’allaq (papasten nu disambungkeun ka makhluk) saupama makhluk nu diciptakeun teh ditambah kamampuhannana ku Allah sakumaha kahoyong-Na.

    Ta’alluq sifat Qudrat

    Sadaya sifat Ma’ani anu tujuh ngagaduhan ta’alluq (hubungan/pasambungan) sareng sifat-sifat nu sejen kajaba sareng sifat Hayat.
    Ta’alluq sifat qudrat kabagi kana tilu :
    1. Ta’alluq Ifadah, hartina hubunganna kana kagunaan.
    2. Ta’alluq Ta’diyyah, hartina hubunganna kana garapan/tujuan.
    3. Ta’alluq Morotib, hartina hubunganna kana tingkatan.
    Ta’alluq Ifadah sifat Qudrat gunana nyaeta pikeun nga-Ijadkeun (ngayakeun) makhluk nu diciptakeun sarta nga-I’damkeun (ngateuayakeun) makhluk saparantosna aya.
    Ta’alluq kadua nyaeta Ta’alluq Ta’diyyah, nyaeta sasaran sifat Qudrat kana perkara anu Mumkinul Wujud atawa ka sakabeh anu mumkin ayana, sarta pamohalan sasaran sifat Qudrat nyasab keunana kana perkara anu Wajibul Wujud sabab bakal moal aya kagunaanna, sajabana ti eta sifat Qudrat oge moal nyasab keuna kana perkara anu Mustahilul Wujud, sabab saupama anu mustahil eta kaancikan sifat Qudrat, tangtu eta perkara teh bakal jadi perkara anu Mumkinul Wujud.
    Ta’alluq Marotib sifat Qudrat ngagaduhan tingkatan psambungan atawa hubungan anu seueurna 8 tingkatan, diantawisna :
    1. Pasambungan Qudrat Shuluhi Qodim, nyaeta nalika makluk can diyugakeun, harita Qudrat nyambungna kana Shuluhi anu hartina lulus jeung mampuh, Qodim hartina Qudratullah teu aya wiwitan, mangka Shuluhi Qodim ngandung harti Qudratullah teh cindekna ngancik kana kumaha Allah metakeun kakawasaan-Na samemeh diciptakeunna makhluk.

    2. Ta’alluq sifat Qudrat kana Qobdloh Awwal, nyaeta sabada Lauh Mahfudz diciptakeun tapi makhluk mah can diayakeun, mangka Qudratullah dina mangsa harita ngancikna teh kana Qobdloh Awwal anu hartina nataharan ka nu baris diciptakeun/diyugakeun, anu samangsa-mangsa bisa dirubah deui atawa ditetepkeun, sakumaha dawuhan Allah dina surat Ar-Ra’du ayat 39 :
            
    ” Allah ngilangkeun naon bae anu ku Anjeuna dikersakeun jeung netepkeun
    (naon bae anu ku Anjeuna dikersakeun), sarta ngan disisi Mantenna kasampak Ummul Kitab (Lauh Mahfudz)”.

    3. Tanjizi Hadist Awwal, nyaeta digunakeunna Qudrat pikeun nga-Ijadkeun (ngawujudkeun) perkara-perkara anu tas kacutat di Laoh Mahfudz. Dawuhan Allah dina surat Yasiin ayat 82 :
             
    ”Saestuna Mantenna saupama ngersakeun hiji perkara ngan cukup ku ngucapkeun ”jadi” mangka jadi eta perkara”.

    Oge dawuhan Allah dina surat Al-Baqarah ayat 117 :
               
    ”...Jeung saupama Anjeuna ngersakeun (pikeun nyiptakeun) hiji perkara, mangka (ngan cukup) ku ngucapkeun ”jadi” mangka jadi eta perkara”.
    Tanjizi Hadist nu kahiji bisa dihartikeun yen kana kumaha jujutanna hiji perkara anu tadina teu aya jadi wujud (aya), jeung sabaraha lila jadina eta perkara nu aya dina kecap ”Kun” jeung ”Nun” dina kalimah ”Kun” teh. Anapon kalimah ”Yakunu” dihartikeun kana kaayaan hiji perkara dina Qobdloh kadua.

    4. Ta’alluq Qudrat Qodloh kadua, nyaeta Qudratillah anu dipake netepkeun hiji perkara nu aya dina cangkingana-Na, saparantos diproses (direka) ku Tanjizi anu kahiji nu mana kaayan eta pergara teh oge tetep teu leupas tina cangkingan Allah.
    Qobdloh kadua dina rekayasa manusa nyaeta kaayaan nalika manusa dina di dunya (hirup) sarta mangrupakeun tempat nangtukeun nasibna dina Qobdloh katilu jeung kaopat, sakumah dawuhan Allah dina surat Al-Mulk ayat 2:
               
    ”Allah ngajadikeun mati jeung hirup pikeun nguji aranjeun, saha diantara aranjeun anu panghade-hadena amal. Jeung Anjeunna anu Maha Gagah tur Maha Pangampura”.

    Salajengna Allah nyayagikeun bekel pikeun manusa mangrupa rizki, sakumaha dawuhanna-Na dina surat Al-Baqarah ayat 245:
         
    ”Jeung Allah ngaheureutkeun sarta ngajembarkeun rizki, jeung mung ka Anjeunna kami baris dipulangkeun”.

    Anapon sahade-hadena bekel teh nyaeta taqwa, dawuh Allah dina surat Al-Baqarah ayat 197:
     •   •   •  
    ”Jeung sing bebekelan, sarta sahade-hade bekel teh nyaeta taqwa, jeung sing taraqwa anjeun ka Kami he jalma-jalma nu ngabogaan Akal”.

    Kalih ti eta dina surat Fathir ayat 16 nu tiasa dijantenkeun dalil kana ayana Qobdloh kadua teh unggelna :
         
    ”Saupama Anjeuna ngersakeun, tangtu Anjeuna baris ngamusnahkeun anjeun jeung ngadatangkeun makhluk anyar (pikeun panggantina”.

    5. Ta’aaluq Qudrat Tanjizi Hadist kadua, nyaeta Qudratullah nu digunakeun pikeun ngateuayakeun makhluk nu aya dina Qobdloh kadua. Dina proses rekayasa manusa ngandung harti papasten mati, sakumaha dawuh Allah dina surat Ali-Imran ayt 185:
        
    ”Tiap-tiap anu nyawaan pasti bakal ngarasakeun mati”.

    Maot nyaeta papisahnya antara ruh jeung jasad sarta mangrupakeun Tanjizi Hadist kadua pikeun pindahna manusa tina Qobdloh kadua ka Qobdloh katilu. Mangka nyerina maot teh gumantung kana amal waktu keur di Qobdloh kadua sarta nalika nuju dina kayaan sakarat. Jalma anu kakurangan amal hade bakal ngoceak sangkan bisa dibalikeun deui ka dunya (Qobdloh kadua), sakumaha dawuhan Allah dina surat Al-Mu’minun ayat 99-100 :
    •        
                       
    ”Nya kitu kaayaan jalma-jalma kafir, tug dugi saupama datang mati ka salah saurang diantara maranehna, mangka manehna ngucap ”Duh Pangeran abdi, wangsulkeun deui abdi ka dunya sangkan abdi bisa migawe amal soleh sakumaha nu tos ditinggalkeun”. Sakali-kali moal, saestuna eta teh ucapan anu ngan ukur dikedalkeun hungkul, jeung dihareupeun maranehna aya pembok alam Barzah nepikeun ka poe maranehna dihudangkeun”.

    6. Ta’alluq Qudrat jeung Qobdloh katilu, nyaeta Qudratillah anu dipake pikeun ngeupeul manusa di alam Barzah. Kaayaan nalika saparantosna panakonan Malaikat Munkar jeung Nakir nu saterusna disadiakeun Taman ti sawarga (Raudlotun Min Riyadlil Jannah) nu mangrupakeun ni’mat nu bakal dicawiskeun pikeun jalma-jalma anu migawe kahadean waktu keur di dunya, sarta disadiakeun siksaan Naraka (Hufrotun Min Hufrotin Nar) pikeun jalma-jalma anu doraka.
    Jeung kaayaan di alam Barzah ieu teh wajib di’itikadkeun ayana sarta teu sah iman hiji jalma nu teu nga’itikadkeun ayana ni’mat di Sawarga sarta siksa di Naraka. Anapon anu ngarakeun ni’mat jeung siksa kubur teh nyaeta ruh manusa, sabab ari jasad mah bakal bakal ilang musna, sakumaha dawuhan Kang Nabi Muhammad SAW :

            •
       
    ”Manusa eta kabagi kana tilu bagian,sapertiluna pikeun kadaharan bilatung sapertiluna deui pikeun (nyinghareup) ka Allah sarta sapertiluna deui pikeun dirina sorangan. Anapon pikeun kadaharan bilatung nyaeta jasadna, pikeun nyingharep ka Allah ruhaninasarta pikeun dirina nyaeta amalna waktu keur di dunya”. (HR. Bukory-Muslim).

    7. Ta’alluq Qudrat reujeung Tanjizi anu katilu, nyaeta Qudratullah anu digunakeun pikeun ngawangun (ba’ats) makhluk saparantos kiamat kaasup jalma-jalma nu aya di alam Barzah, sakumaha dawuhan Allah dina surat
    Al-Hajj ayat 7:
    •            
    ”Jeung saestuna poean kiamat eta pasti tumiba taya kamangmangan jeung saestuna Allah ngahudangkeun sakabeh jalma nu aya dijero kubur”.

    Dina waktu ba’ats, Malaikat Isrofil nu pangpayunna digeuing nu saterasna Allah marentahkeun pikeun niup Sangkala Sakti sangkan sakabeh jalma harudang deui. Kaayan ba’ats ieu diterangkeun ku Allah dina Al-Qur’an surat
    Al-Baqarah ayat 260:
                                           •    


    ”Jeung (masing inget) nalika Ibrahim ngucap ”Duh Pangeran Abdi! Pintonkeun ka abdi kumaha Anjeun ngahirupkeun nu mati?”. Allah ngadawuh ”Naha anjeun tacan percaya?”. Ibrohim ngawalon ”Abdi parantos percanten namung supados langkung panceg hate abdi”. Allah ngadawuh ”(Saupama kitu), geura cokot ku anjeun manuk opat siki, terus lindeukkeun eta manuk ka anjeun, terus leupaskeun hiji-hijina di tiap-tiap pasir. Sanggeus eta pek gero ku anjeun, tangtu maranehna bakal tanginas daratang ka anjeun. Jeung ucapkeun saestuna Allah Maha Gagah tur Maha Bijaksana”.

    Anapon kaayaan manusa samemeh dihudangkeun, leuwih tiheula cungcurungan manusa dikeueum dina cai bodas nu sarupa jeung ci mani salila 40 poe nu saterusna alon-alon sakabeh anggahota awakna dikumpulkeun, ngan kalobaan diantara maranehna rupana teh rarobah, sanajan ruhanina teh ruh manusa, tapi bentuk awak atawa rupana ngagambarkeun amal gawena keur waktu didunya (Suksma menawan Raga).

    8. Ta’alluq Qudrat reujeung Qobdloh nu kaopat, nyaeta Qudratullah pikeun ngalanggengkeun makhluk sanggeusna ba’ats (nyaring ti kubur). Qobdloh kaopt ieu disebut oge Alam Akherat, diantarana :
    • Mahsyar, tempat kumpul.
    • Talaga Kautsar, tempat syafa’at/pitulung.
    • Mauqif, tempat pamilihan.
    • Hisaban, tempat pangitungan amal di Mahkamah Agung.
    • Syafa’atul Udzma, tempat pitulungna Nabi Muhammad SAW pikeun sakabeh umat manusa.
    • Shirotol Mustaqim, Jalan ti Mauqif ka Sawarga.
    • Sawarga jeung Naraka.
    • Ningali Allah di Sawarga.

    Ieu sakabeh wajib di’itikadkeun ayana di Akherat jaga, sarta teu sah iman hiji jalma anu teu nga’itikadkeunnana.

    Leave a Reply